Archive for Februari 2011

Si Beungeut Kapas

by in 0

WELÉH jadi pikiran manéhna, boa pamajikanana téh jodo nu salah dirangkepkeun ka manéhna. Ari awéwé nu kuduna jadi jodo manéhna, jeung kuduna bagja ngarangkep jeung dirina, ayeuna sarua keur sangsara dikakaya ku salakina.
“Teu kudu panjang dipikiran. Bongan manéh mah siga resep ngajomblo. Kurang kumaha pantesna Si Iis. Pék sing runtut raut. Ku Ema didu’akeun. Sing adoh balai parek rejeki,” ceuk indungna basa ngajujurung kawin.
“Tapi pan kudu bogoh, Ma!” témbalna.
“Bogoh? Tai pedut!” ceuk indungna, tiis alahbatan és.
Bogoh, cinta, boa enya tai pedut. Buktina geuning si kuya, adina, anu saméméhna bobogohan jangkep méh opat taun, ari geus pruk kawin mah kalah hayoh gor-gar paséa. Can jangkep tilu bulan kawin, kalah tuluy ngalabring ka KUA deui.
Iis, pamajikanana, ngageubra ti isuk-isuk kénéh. Ku manéhna teu diganggu ieuh, da apal sok kumaha nyégagna. Sapopoéna gé kitu apan. Sok saré ti soré kénéh. Kabiasaanana nu maranti. Paribasa capé tas digawé ti isuk jedur nepi ka soré jedér. Tanaga kabéh kakuras di pagawéan. Salaki ukur mamanis, ukur jadi rurumbé.
“Cing atuh, da salaki téh boga kahayang. Hayang pamajikan satia, satuhu, bakti ka salaki…,” ceuk manéhna hiji mangsa, bakat ku keuheul nempo pamajikan unggal-unggal nyapirakeun.
“Ari Aang sorangan geus jadi salaki? Kumaha bisana lamun keur dahar sapopoé baé Iis kudu milu banting tulang? Kudu satia, satuhu? Kos jelema jejeg baé!” témbal pamajikanana.
Bep!
Nu tuluy ngalangkang dina pikiranana, kantorna nu mecat manéhna. Kalangkang batur sanasibna nu sok ruang-riung di pangkalan ojég bari murukusunu nyumpahan pagawéan nu hésé disiar.
Tapi tara-tara ti sasari, pamajikanana poé ieu mah kalah ngageubra ti isuk-isuk kénéh. Keur peré kitu? Cuti boa. Ah, meureun enya keur boga waktu nyalsé ti pagawéan. Diteuteup ku manéhna mani imeut nu nangkuban dina ranjang téh. Ukur didaster ipis. Beungeutna ayem pisan dina tibra, teu karuruban ku buukna nu ngahaja dibuntut-kudakeun. Birahi jaluna ujug-ujug nguniang.
Awak sampulur. Najan umurna ampir jejeg tilu puluh taun, tapi lebah dieu mah pamajikanana kaitung bisa ngajaga awak. Turug-turug teu kabiruyungan boga anak. Teu kungsi nyusuan atawa ripuh ngurus budak. Teuing saha nu gabug, da boh manéhna boh Iis papada embung dipariksakeun tiheula. Kaharti mun awak seseg kénéh téh, boh nu pangtukangna boh nu panghareupna.
Beungeut, nya teu nyungsang-nyungsang teuing sakitu mah, jajar pasar baé. Bener ceuk indungna, pamajikanana téh mun ditelek-telek mah aya sarina ogé. Jaba bisa dangdan, bisa nuturkeun gaya. Manéhna mésem, bari ti tatadi teu incah tina lawang panto kamar, siga style director keur ngimeutan modélna. Bet aya kereteg dina haté leutikna, kuduna mah sukuran boga pamajikan ….
“Keur naon?” ujug-ujug nanya kitu pamajikanana téh, panonna mélétét. Bet teu kaciri waktu beuntana. “Hayang numpakan mah ka dieu wé, teu kudu nungguan dititah,” pokna deui saguluyurna.
Manéhna rampang-reumpeung. “Peré? Sisinarieun teu gawé!” pokna.
Tapi pamajikanana kalah malik nanya, “Tadi peuting ka mana?”
“Di Ema, maturan. Karunya, Apa keur ka Indramayu,” témbalna.
“Paingan. Iis mah ngalembur di kantor, nepi ka subuh!”
“Nya aya pagawéan naon?” manéhna ngadeukeutan ranjang.
“Teu digawé. Ukur maturan si bos bagadang.”
Manéhna ngarandeg. Rey ulatna robah. Gilek balik kanan. Gejlig kaluar ti imah. Sigana téh keur manéhna mah mending adu hareupan jeung bagong.
Ti harita, tilu minggu manéhna teu balik ka imah. Mun teu di imah indungna, ngulayab teu puguh laku, bari kakapeungan ngagawéan pagawéan nu kapanggih sakasampeurna, nu bisa ngaganjel-ganjel kabutuhan hirupna sapopoé. Aya nu nitah nyupiran. Sakali mangsa aya nu nitah mangoméankeun pager imah nu ruag kadupak. Kungsi malah aya nu nitah mantuan nyieun buku kas, keur laporan réhab sakola ka kantor dinas. Miminengna mah hual-hiul di warung Unah nu jadi pangkalan ojég.
Indungna sok nanya, cara hiji mangsa waktu manéhna keur gigitaran di tepas imah, “Kunaon ari manéh? Kumaha Si Iis?”
“Ah, tai pedut,” témbalna. Gembréng kana gitar.
Nepi ka antukna hiji poé manéhna tepung jeung awéwé nu sakarat, nu beungeutna siga kapas, kawas tas disedot getih, di jajalaneun nu rada hara-haraeun. Rék ka imah Haji Kodir manéhna téh tadina mah, katalatahan ku Néng Imas, anakna si haji. Nitah mangjualkeun VCD player cenah, da boga gantina nu anyar, DVD player lengkep jeung home theater-na. Mun payu, pék baé cenah satengah-satengah. Soal harga kumaha manéhna. Bakat ku hayang ngésér nu heubeul kawasna.
Ti kajauhan ogé, éta awéwé téh leumpangna kaciri jajarigjeugan, siga nu tas mabok baé. Tapi sidik siga keur gering.
“Kunaon enéng téh?” pokna nanya, hariwang bari ngadeukeutan. Manéhna luak-lieuk, sugan aya nu séjén nu bisa kakolomkeun jadi batur éta awéwé indit-inditan.
Tapi éta si beungeut kapas téh teu ngajawab. Tina biwirna nu matak pikaresepeun lalaki, ukur embut, rada muringis. Ditanya mindo, éta awéwé téh angger teu miduli. Ngan katara beuki ripuh baé. Nepi ka antukna ngarumpuyuk di sisi jalan.
Geus nempo kitu mah manéhna gé teu loba pertimbangan. Si beungeut kapas laju diboro rék ditulungan. Untung awakna kaitung jangjing, teu matak hésé ngabopong. Tuluy diperenahkeun di tempat nu rada iuh. Manéhna sakali deui luak-lieuk, sugan baé éta awéwé aya nu maturan. Tapi tétéla euweuh tanda-tandana.
Sanggeus sawatara lila ngalempréh, si beungeut kapas nyarita laun jeung pegat-pegat, “Jajapkeun ka… jalan sakadang kuya no… nomer 32,” reup peureum deui, bangun siga kasiksa. Pias beungeutna, kapas kulitna.
Manéhna ngaragap dompét, kusiwel, tuluy dibuka. Duit nu nyelap di dinya ukur mahi saongkoseun béca. Ras inget rék ka imah Haji Kodir téa. Rék ti mana ngagantianana lamun duit nu aya dipaké heula keur nganteurkeun ka jalan sakadang kuya? Tapi éta si kulit pias siga kapas, piraku manéhna rék téga teu mikawelas. Antukna, barang nempo aya béca ngalalar, gancang baé dieureunkeun.
Plét tempat kos imah nomer 32 téh. Barang jol ka dinya gé, pangeusi plét tinggéréwék. Bubuhan kabéh bikang. Si beungeut kapas digolérkeun dina matras nu teu dirajangan-ranjangan acan, di kamarna. Asa teu merenah jadi kamar awéwé, da sakitu paburisatna. Siga kapal pecah. Piring jeung gelas nu can kaburu dikumbahan patulayah gigireun tivi jeung kulkas, pabaliut jeung séndok nu laledok. Papakéan seuseuheun nambah-nambah rujit kaayaan di kamar.
Ras ka imahna sorangan, nu sakapeung sok paburisat kawas kitu da pamajikanana sok tara kaburu bébérés. Boh mun rék indit ka pagawéan boh mun balik ka imah. Manéhna nu sok katempuhan. Dalah dikumaha.
Manéhna karék wani bébérés sanggeus awéwé-awéwé pangeusi plét tingkoléséd kalaluar, siga surti sorangan. Malah teu ieuh nungguan katerangan ti manéhna, kumaha nepi ka éta awéwé nu sepa beungeutna dibawa ka dinya. Nya disangka sahana aing? Gerentesna. Tapi teu ieuh loba léléwa, da puguh manéhna gé bingung, malah kabingungna téh geus aya ti saprak manéhna manggihan éta awéwé di jalan téa apan.
Siga ragab pisan bébérésna téh, da puguh loba barang pakéeun bikang nu ku manéhna kudu dijiwiran hiji-hiji. Diperenah-perenahkeun ngarah kamar teu siga jarian teuing. Manéhna ogé nyempetkeun sasapu jeung ngepél. Cangkang peremén, bungkus obat, jeung lambaran-lambaran buuk nu rontog, nu patulayah dina kramik, dicomotan bari sabar. Sabot baranggawé kitu téh, nu sepa mah tibra baé dina matras.
Siga nu linglung rék nyingkah ti kamar téh. Rét kana érlojina. Manéhna garo-garo teu ateul. Brek deui sisi ranjang. Ngawani-wani manéh ngaragap tarang nu sepa. Nyecep kawas batu kaibunan. Ari ragamang téh, leungeun si beungeut kapas ngarayap kana pigeulangna, tuluy tipepereket nyekel réma nu ngaragap tarangna. Panona mélétét deui semu seunggah rék beunta. “Nuhun…,” pokna halon pisan. Reup deui. Leungeunna gé ngulapés deui.
Beuki bingung baé manéhna téh. Tapi lila-lila mah pok ngaharéwos, ditompokeun kana ceuli éta awéwé, “Abdi mios heula!” Tapi teu ditémbalan. Nu sepa angger peureum, teu usik teu malik. Teuing saré teuing kapiuhan. Jung manéhna nangtung. Léos kaluar. Ngan nyempetkeun heula keketrok ka kamar gigireun. Lol awéwé geulis, nepi ka manéhna rada ngalenyap. Nu ieu mah sakeureut jeung beungeut Nining Méida.
Pokna, “Punten dikantun heula. Pangréncangankeun wé. Hariwang, bisi kuma onam.”
“Har, moal diréncangan ku nyalira kitu?” témbal nu geulis.
Méméh ngajawab manéhna neureuy ciduh heula. Luas-lieus. Pok deui asa-asa, “Nu mawi aya peryogi.”
“Nya wios atuh, da sadayana ogé réréncanganana di dieu mah.”
Manéhna geuwat indit. Kapaksa kudu badarat da eusi dompét teu nyesa kencring-kencringna acan, kabéh dipaké mayar tukang béca nu ngajajapkeun nepi ka imah nomer 32. Mangkaning ka jalan Satjadibrata téh kaitung jauh. Jaba beuteung mimiti nagih dieusi. Panonpoé morérét. Lebu jalan tingsulabreng, ngalengkepan kasangsaraanana.
Sapanjang leumpang mapay-mapay trotoar, pikiranana cus-cos ka ditu ka dieu. Ka awéwé nu beungeutna sepa, ka kamarna, ka rupana nu teu bisa disebut goréng patut. Manis malah. Mun teu keur sepa, wani ngadukeun jeung Jullette Binoche. Hanjakal awakna langsip pisan. Siga béak digorogotan ku panyakit. Ras deuih ka imahna, ka pamajikanana.
Ngan ari kacipta beungeut pamajikanana, ari rey téh sebel. Lebokkeun jurig siah! Sok kitu ngupahanana lamun manéhna inget ka pamajikanana. Boa kawas manéhna nu teu asa kaleungitan pamajikan, pamajikanana gé boa asa teu kaleungitan salaki. Boa keur oléng jeung dununganana. Geus aya sataunna kikituanana téh, bari manéhna teu boga kawani pikeun ngontrog. Boa geus teu di imah ayeuna mah. Boa geus dibawa pindah ka imah pamajikan simpenan. Sugan aya nelepon ka imah indungna – nyarékan-nyarékan atuh ka salaki nu bangkawarah – éh, da lebeng.
Indungna nu hiji mangsa mariksakeun téh, ngahaja dianjangan. Tapi imahna ngonci cenah. Éta téh ngahagalkeun nganjangna pasosoré, da diajam nu rék dilongok geus mulang ti pagawéan. Ditungguan nepi ka isa, berekah cenah euweuh nu balik.
Antukna mah dina ingetanana selang-seling, antara beungeut awéwé sepa jeung beungeut pamajikanana. Sakapeung si beungeut kapas robah jadi widadari rancunit nu maké mahkota kembang dina sirahna, ari pamajikanana robah jadi kuntilanak nu pangpikagilaeunana.
BEREKAH, hirupna ti poé ka poé siga euweuh robahna.
Ku indungna seubeuh dicarékan béak lening. Majar téh kumaha bisa ngurus pamajikan mun ngurus diri sorangan gé teu becus. Ceuk haténa, mani euweuh kabosen hayoh baé nyarékan. Mani euweuh pariasi. Lamun téa ku indungna nepi ka diusir gé, sigana ku manéhna rék iklas diturut.
Unggal jelema nu apal hirupna, euweuh hiji gé nu daék ngabéla, yén ieu kaayaan téh lain saratus persen kasalahan manéhna. Asa hayang muragkeun bom atum sakalian. Sugan aya kahirupan anyar nu méré kasempetan manéhna bisa ngamimitian hirup nu walagri, sanajan kudu miang tina kasangsaraan siga urang Hirosima jeung Nagasaki.
Waktu hiji mangsa ngalongok imahna, geus aya deui baé pikakeuheuleun téh. Di panto geus ngagantung tulisan nu teu bisa kasebut leutik. Sigana ti gang liliwatan gé bisa kabaca ku nu ngaliwat. Tétéla tulisan pamajikanana nu teu leuwih alus batan tapak cékér kuya. Unina, “Talak tilu sakalian!” Emh, kawas euweuh jalan deui keur ngawiwirang salaki.
Ceuk pikirna, aing téh lalaki. Piraku hayoh baé cicing diirik ku awéwé pantar pamajikanana. Sugan kudu dilawanan deui ku talajak burung. Kapalang édan.
Trét nulis, dina triplék panto baé, handapeun keretas. Siga budak sakola nu tutulisan dina WC. “Dalah mun aya talak saparapat gé, najis aing méré!”
Gejlig, abur-aburan deui.
Dina keur ngaberung kitu, dibéréan hayang ngalongok si beungeut sepa. Waktu keur hadé poéna, pasosoré, ngahajakeun manéhna nganjang ka imah nomer 32 di jalan sakadang kuya. Tapi bet combrék. Diketrok sababaraha kali taya nu muka panto. Hordéng kamarna rékép pisan.
Nu kaluar téh kalah ‘Nining Méida’, tatangga kamarna téa. Cenah, “Tos angkat, A. Tadi tabuh tilu. Susul wé atuh ka ditu!”
“Kulan?” tangtu baé manéhna rungah-ringeuh. “Kedah disusul ka mana kitu?”
Giliran Ceu ‘Nining’ nu kerung, “Manawi téh apal. Biasa wé di Pitaloka. Da sok di dinya apan!”
Teu réa carita, gancang amitan, bisi ditanya nu lain-lain ongkoh. Da sigana ku éta awéwé téh manéhna disangka ‘salakina’ si beungeut sepa baé. Sajajalan dikalangkangan ku pikiran-pikiran ahéng. Pitaloka! Saha nu teu apal ka éta bar, tempat nu kungsi ngageunjleungkeun jalma sakota. Apan di dinya walikota jeung sobatna, anggota déwan, kungsi karajia nu anak buahna sorangan nu ngayakeun operasi yustisia. Kaambeu ku wartawan Métro, digegedékeun. Nepi ka aya isu rék diayakeun pilkada ulang. Tapi kasusna kaburu kasilep ku kasus korupsi Kepala Polresta nu sakompét daun jeung koruptor Bank Binangkit, nu muncul heuleut saminggu ti saprak walikota karajia.
Sabada tatanya, enya wé si beungeut pias téh kapanggih keur gogoléran di kamar ganti nu teu béda jeung gudang. Keur guntreng jeung batur-baturna nu ngagareulis dina euteung nu tingjareblag némpél méh di sakuriling témbok. Ku satpam dijajapkeun ka dinya téh.
“Va, Mél, kalaluar heula nya. Hayang ngobrol jeung si Aa,” ceuk si beungeut sepa.
Babaturanana mésem bari kalaluar. Tina dilakna kaciri teu bisa kakolomkeun awéwé nu saroléh. Tapi haténa ngagerentes, nuhun Gusti, salira geus nyiptakeun mahluk nu sakitu gareulisna.
Sanggeus lila tingharuleng, si beungeut sepa nu ngamimitian nyarita, “Kunaon Aa ka dieu?” beungeutna angger sepa, kanyos, ngan keureutanana baé anu rada nyari téh. “Apal ti saha?”
Manéhna ukur imut. “Ka sakadang kuya heula tadi téh. Dituduhkeun ka dieu. Panasaran, hayang nyusul. Tapi punten bisi ngaganggu. Ehm… sanés, sanés badé nagih hutang!”
Si beungeut sepa bisa kénéh nyikikik, bari neuteup anteb pisan. Siga teu inget mun manéhna keur gering. Diukna ngésér, pagégéyé, bari teu asa-asa ngaranggeum ramo lalaki nu karék dua kali tepung jeung harita. Sirahna antukna di sampaykeun na taktak nu ngalongokna.
BEREKAH, teu kungsi rambisak-rambisak acan, waktu suster ngabéjaan yén si beungeut sepa geus euweuh dikieuna téh. Manéhna ukur tungkul nguyung. Atuh waktu jajap ka kuburan, kitu baé, guyub jeung batur. Teu ieuh nenggangkeun manéh. Keur gé kabéh nu jajap siga sahinasna baé. Bororaah témbong kaleleban, dalah ngarasa sungkawa gé sigana biheung. Siga ukur hayang némbongkeun sarat kalumrahan, yén piraku nu rék dipendem euweuh nu ngiringkeun-ngiringkeun acan. Baju hideung nu diparakéna gé, siga sarat formal, teu béda jeung nu rék kaondangan kudu dibatik atawa dikabaya. Ku alatan éta, mun téa manéhna ngabédakeun manéh téh, boa matak hémeng batur. Meureun pada nanya di jero haténa, nya saha meureun manéhna téh?
Carana ngubur si jenat gé nya kitu baé. Asal cumpon sarat jeung kawajiban nu hirup. Bérés. Euweuh nu nyengceurikan atawa kanyenyerian. Euweuh nu jajap ku kekecapan panganggeusan. Sanggeus ngawurkeun kekembangan, bring baé marulang. Teu nogéncang henteu nineung.
Enya manéhna rada mandeurikeun manéh, tapi da teu katutuluyan. Sanggeus nempo yén éta kuburan pantes disebut kuburan jelema, manéhna gé tuluy lunta. Ngan henteu laju balik, boh ka imah indungna, boh ka imahna sorangan, atawa ka warung Unah tempat nangkringna. Ngaléosna ka blok séjén astana. Aya kuburan anu sok katempo agréng ti sisi jalan, tur geus lila jadi kapanasaran manéhna mun pareng ngaliwat ka dinya, nya kuburan saha éta.
Semet panasaran. Da teu ilahar jelema panasaran ku kuburan tuluy ngahaja datang ngimeutan. Mun ayeuna ku manéhna ngahaja dilongok, pédah baé kagok aya di astana, sakalian hayang anteng ngalamun. Mun di imah indungna tangtu digambréng. Mun di warung Unah tangtu diseungseurikeun. Ari di imahna sorangan, asa betah kénéh di kuburan.
Éta kuburan téh sigana kuburan jelema beunghar, da marmerna sakitu gugurilapanana. Disaungan linduh pisan. Kuburan kembar, sarua marmerna, saru wangunna, saru gedéna, ngajajar siga meunang merenahkeun rapih pisan. Nu béda téh ngaranna. Nu hiji, H. Nugraha Alamsyah, lahir 1924, wafat 1992. Nu kéncaeunana, Hj. Saonah Nugraha, lahir 1930, wafat 1992.
Manéhna nyureng, niténan bulan maraotna éta dua jalma. Ukur béda sabulan horénganan. Nu lalaki Oktober, nu awéwé Nopémber. Boa salaki pamajikan. Nilik kana ngaranna mah teu mustahil. Mun kitu téh, salaki-pamajikan nu bagja, bisa mulang ka kalanggengan patutur-tutur. Loba contona apan, salaki-pamajikan nu hirupna runtut raut, maotna sok patutur-tutur, da nu hiji sok kaleleban mun pasanganana ninggal.
Teu karasa manéhna imut leutik.
Paingan mun ditingali ti sisi jalan éta kuburan siga komaraan, da meureun nu ngeusianana gé, pantesna, jalam-jalma nu kungsi bagja hirupna. Jeung tangtuna rundayanana gé jarugala, da piraku nu masakat mah ngahajakeun ngawangun kuburan sakitu agréngna.
Rada lila manéhna di dinya, ngadon kulantang-kulinting ukur niténan kuburan batur. Bari sakapaeung-sakapeung jol timbul pikiran, lamun manéhna maot nya rék siga kumaha kuburanana. Da geuning siga euweuh jelema nu nyaah jeung nineung ka manéhna. Dalah indung bapana gé geus nganggap manéhna jelema sésa.
Boa nasibna bakal siga Éla, widadari ti Pitaloka. Sanajan bisa jadi manéhna rundayan jelema aya – apan salakina gé pagawé Pémda cenah – lebah maot mah ning cuang-cieung euweuh nu mikatineung. Ku saréréa pada nganggap runtah nu taya hargana. Tong boro ku salakina – nu béjana kungsi ‘dikeureut’ mindo ku Éla lantaran nyimpen nu ngora, nepi ka bubulanan ngerem di penjara – dalah kulawargana gé embung apal kumaha hirupna. Ukur batur-baturna di Pitaloka nu daék ngarawatan.
Peutingna manéhna huleng jentul di kamar plét, di jalan sakadang kuya nomer 32. Ngumpul-ngumpul barang titinggal almarhumah, da meureun kudu dibérésan. Kamarna tangtuna rék diséwakeun deui ka nu séjén. Manéhna nu katempuhan kudu ngabérésanana. Da geuning babaturanana siga embung riweuh, cukup masrahkeun ka manéhna nu saenyana ukur katempuhan baé, alatan kungsi nulungan di satengahing jalan. Leuwihna téh meureun, kungsi popoéan marengan di rumah sakit, waktu Éla sakarat.
Bosén huleng jentul, tuluy sabisa-bisa bébérés kamar. Ngumbahan wawadahan, mérésan papakéan, ngepél, naon ku hanteu. Sabada nganggap euweuh deui nu bisa dipigawé, tuluy keketrok ka kamar ‘Nining Méida’ – horéng ngaranna téh Sévi cenah – bébéja rék balik heula, bari rék ngabéjaan yén barang-barang Éla nu bareurat mah rék isukan baé dibawana. Nu digémbol jeung dikardusan harita mah ukur papakéan jeung barang-barang kolontongan.
Tapi kamar tatangga siga nu simpé. Karék sanggeus tilu kali diketrokan, nu ngeusianana ngelol dina panto. “Punten, nuju kagok!” pokna. Témbong matana nu cureuleuk rada beueus.
“Nuju naon kitu?”
Sajongjongan mah kalah ngabetem. Tapi teu burung ngajawab, “Diajar solat!”
Bet jorojoy aya niat mawa barang-barang Éla ka imahna. Peuting-peuting gé ngahaja balik. Hareupeun panto imahna manéhna ngajengjen, barang mireungeuh panto geus racét pinuh ku cocorétan. Teu ieuh hayang macaan.
Nepi ka janari leutik mah manéhna nyileuk baé bari melong gémbolan jeung kardus nu diringkid ti kamar Éla. Éta babawaan téh jadi nunggelis di rohangan tengah da ampir kabéh parabot di imahna geus teu nyésa, duka dikamanakeun ku pamajikanana. Ukur ukulélé nu senarna kari dua, ngagolér di tengah imah. Pamajikanana siga hayang nyindiran, mun harta hiji-hijina ti manéhna mah ukur éta barang, nu unggal waktu sok dipaké gegembréngan.
“Lagu Él-nadom téa ning….,” dumadakan kapireng deui haréwos Éla, waktu hiji peuting manéhna maturan si beungeut kapas di rumah sakit. “Anak adam….!” sorana haroshos.
Ukulélé nu ngagolér di tengah imah ku manéhna dirongkong. Senar nu dua disurup-surupkeun. Tapina, manéhna teu laju ngalagukeun pupujian Anak Adam ti Él-nadom, da cimatana kaburu ngeclak kana watangan.***

Di Tampian

by in 0

Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay. Léos saurang, torojol saurang, teu kaur lowong. Cacakan pancuran aya limana.
Sora turaés séah dina tangkal mindri ti mumunggang tonggoheunana. Angin mangkat katiga nebak ti kidul-wétan, angin garing ngandung kasakit,matak keusrak kana kulit.
Mu’in cinutrung kénéh dina batu gedé tonggoheun tampian, ngadago lowong. Panon melong kosong semu jauh panineungan. Lemburna nu baréto mah tara kurang cai, ayeuna mah katiga karék sabulan ge, cai geus susah. Balong gararing, sumur taluhur, susukan ngolétrak, sawah bareulah tarelaan.
Puncengis Samsu. Dikokolor, dikakaos sangsang, dikongkoyang anduk, ngajingjing émbér leutik wadah sabun-odol. Nénjo jelema réa kénéh, koloyong nyampeurkeun nu keur cinutrung.
“Ngagelek kénéh baé wayah kieu.” Pokna bari ngalieuk ka lebak.
“Heueuh, emang gé geus lila.” walon Mu’in, “Keur gawé di mana Cu?”
“Di mantri Ojon, nyieun dapur…Beuki réa waé nu ngaradon ngala cai téh.” ceuk Samsu.
“Cikénéh gé Haji Dadi, sakol buntung, dreum pelastik galedé wungkul.”
“Sakitu boga sumur kompa, éta haji Dadi?” ceuk Samsu.
“Yéh, teu jero-jero pisan mah sumur kompa gé ayaan ti mana, da puguh jero taneuhna geus taya cai.”
“Padahal can babangetna katiga téh, nya?”
“Babangetna naon, dang-dang-rat kénéh sasatna, karék Juli lin ayeuna téh?”
“Enya, tanggal dua”
“Béak ku sumur tarésis meureun cai di jero taneuh téh”
“Artésis meureun Mang, lain tarésis!” témpas Samsu bari nyéréngéh
“Heueuh meureun…..mangkaning lain hiji-dua pabrik nu nyieun sumur kitu téh. Jaba mani patinggelenggeng cenah, sagedé-gedé bedug kaluarna téh.”
“Wah sagedé bedug onam piraku Mang, kaeléb meureun pabrikna gé!”
“Heueuh ceuk nu nyararita! Jaba cenah sapabrik téh teu ngan hiji séwang.”
“Acan golf, acan perguruan tinggi, hotél, pangindekosan, supermarkét…..” Samsu ngahaminan.
“Tuh, cekéng gé! Mana lapur balaréa mah kabagéan sarakahna wé! Tuh sumur Pa Bahim…apal manéh Acu, sumur Pa Bahim? Iraha teuing saat baheula mah, kapan ayeuna mah…..”
“Naon, da geus disaeur!”
“Hah, disaeur….?”
“Abdi, duaan jeung Si Dasmo nu nyaeurna gé, minggu itu. Barangkal, keusik pangayakan, bangsa belang-beling, bres-bres wé ka dinya. Geus kari dua metér, rup wéh ku beton, dijieun cubluk ngarah teu mubah teuing.”
“Disaeur mah, kumaha atuh Pa Bahim ka caina?”
“Nyieun sumur bor, jero, sabaraha lénte mah.”
“Beu……nepi ka hanteuna éta sumur. Gedé riwayatna sumur éta téh, Acu. Nu nyieunna téh nyao uyut, nyao baona Pa Bahim, emang gé teu pati teges, angot manéh, di mana kénéh mah! Ngan kacipta sarusaheunana urang dinya, kapan salelewek éta mah ka caraina téh ka sumur éta, bubuhan diopenbarkeun.”
“Nya bur-ber wé meureun. Nu ka Cisiuk, nu ka Cilanggeng, nu ka Cipaséh, nu ka dieu waé atuh réa, tuh geuning Kang Tamim, Bi Anah, Si Uhi…..” Samsu mapaykeun paneuteupna ka nu ngagimbung di lebak.
“Deuh éta nu ka Cipaséh, kacipta ngempladna! Indit nurugtug, balik ngarekéh. Ngarah saémbér-dua émbér téh kudu ngoprot heula késang”
“Dikumaha deui meureun Mang, da butuh!”
“Leuheung nu jaragjag, Acu, kumaha temen bangsa nini-nini – aki-aki?”
“Pan enya…….….Nini Murni gé kamari nangkarak-bengkang, tiseureuleu cenah, turta ditungtun ku incuna éta téh, teu disina kakarayapan sorangan.”
“Tuh cekéng gé….heueuh kumaha waé atuh lembur urang téh. Ray usum-ray usum téh cai beuki werit, taneuh beuki tuhur, sawah beuki angar.”
“Pantes atuh Mang, jiwa nu makéna ngarekahan, ari paneundeunan cai laleungitan. Da leuweung, kebon, dibarukbak, sirahcai disalaeur, diparaké adegan, buruan ditarémbok.”
“Béh ditu-béh ditu mah teu sangka lembur urang baris kieu.”
“Mecak ramé, nya Mang.”
“Heueuh ramé, harénghéng!”
“Pabrik jeung perguruan tinggi nu mawa ramé téh.”
“Lain Acu……tadi ngadéngé téh duaan jeung Si Dasmo - duaan jeung Si Dasmo kitu nyaeur sumur Pa Bahim téh? Na si éta maké nyagap gawé abragan? Ari kiosna saha nu tunggu……Pamajikanana? Ngalagu kitu jelema kemba ngaladénan nu barangbeuli?”
“Naon emang téh, da geus teu ngios ayeuna mah Si Dasmo téh, aya meureun sabulan. Geus dijual kiosna gé.”
“Naaaha……rék pindah mangkal?”
“Teu pindah, eureun wé, teu dagang deui”
“Itu geura Si Dasmo, dilelebar……..”
“Lebar sotéh mun kaharti meureun Mang, da kadieunakeun mah ukur ngalelengkur wé cenah sapoé-sapoéna téh. Ladangna nungtut kacéot ku resiko. Atuh eusi kios téh batan ngabeukahan mah kalah ngariut. Antukna nangkub. Kiosna dijual, dagangna eureun. Ari tiheula panggih jeung abdi di Nangkod, bawa euy déwék digawé cenah. Gawé naon ari silaing, ceuk abdi téh. Heueuh ngaladén-ngaladén atuh, cenah. Ari kios kumaha, ceuk abdi. Nya carita-carita, ari taeun nyakitu téa cenah lalakonna téh.” Samsu ngajéntrékeun bubukanana.
“Kagét. Sakanyaho emang mah meujeuhna wé najan teu kasebut kajojo gé kiosna téh”
“Enya tiheula-tiheula mah, tapi saprak aya supermarkét gigireunana nu bararangbeuli téh maruru ka dinya waé. Bangsa kios jeung warung laleutik mah dilaliwat wé. Ngenes, nyeri haté, cenah sajaba ti teu meunang duit téh. Keun ku nu teu warawuh mah, éta nu biasa ngalalanggan gé kalalar-kalalar wé ka supermarkét!”
“Supermarket nu deukeut Pondok Gadis téa?”
“Tah éta, kaléreun jajaran kios jeung warung laleutik téa wé geuning!”
“Kungsi ti heula dibawa ka nu kitu téh di Bandung, ku Pa Jaya. Mecak geuning maké tétécéan nu maju sorangan téa, lip nahaon ngaranna téh”
“Ngajaran nyah emang?”
“Nya ngajaran,lewang-lewang gé,tamba kawaranan teuing wé atuh, Acu!”
“Tuh geuning, emang gé resep!” Samsu ngéyéhkeun.
“Hih, da aya nu mawa emang mah. Sosoranganan mah, ambuing, asupna gé cumaripcip. Jeung deuk meuli nanahaon ka toko kitu!”
“Naha da rék roko, rék bako gé aya, panékér naon! Susu, gula, kopi, ka uyah-uyah aya. Indung si Kardan gé paparahna téh hayang ka dinya wé, pilakadar meuli kopi sabungkus gé”
“Resep gegeleseran dina tétécéanana, moal salah”
“Sugan……”
“Karunya wé nya padagang leutik pantar Si Dasmo mah!”
“Narangkub kabéh gé, Mang, nu asal sakitu ngajajarna téh!” ceuk Samsu.
“Deuh……”
“Ngalanto geura emang soré-soré, ngagelek di supermarkét wé jelema téh, marukankeun!”
“Padahal marahal meureun nya di toko agréng kitu mah?”
“Hih, malah murah emang téh! Roko Beureum gé di warung Amin mah lima dua lima pan, di dinya mah ngan opat tujuh lima!”
“Geuning étah?”
“Pan harga isét, da langsung ti pabrikna, teu paciwit-ciwit jeung agén!”
“Meujeuhna atuh kitu mah!”
“Enya, ngan orokoya padagang leutik……” Ceuk Samsu, sorana ngalakay.
“Lain seug arusul atuh, tong caricing waé!”
“Éta gé pan ku mahasiswa didémo basa deuk degna téh!”
“Geuning atuh jadi waé?”
“Yéh, anjing ngagogogan kalong! Anjing haben gagaikan, kalong anteng gagayabagan, harideung!”
“Heueuh nyakitu, nu leutik mah purah tarima nasib wé, teu meunang ngasupkeun omong! Nam ah Acu, geus rada lowong tuh!” ceuk Mu’in bari ngajurungkunung. Terus tuturubun ka tampian patutur-tutur jeung Samsu.***

Nalika Engkang Teu Damang

by in 0

Wallohi, Engkang! Irahaeun teuing abdi wantun susumpahan. Kantenan bari ngababantun asmana Alloh sagala rupi. Sok asa teu wararantun. Rumaos diri seueur kénéh katuna. Sok sieun hanas abdi susumpahan, ari hég ninggang di abdi nu lepat. Beu, tada teuing isinna diri di payuneun Mantenna.
Wantun susumpahan sotéh ka Engkang, kajurung ku hoyong ngayakinkeun, supados manah Engkang ngaraos reugreug, henteu aya kacangcaya. Abdi leres-leres kumawula ka pangersa Engkang téh teu pisan-pisan ngarasula, éstu lillahi Taala.
Engkang! Welas-welas taun Engkang teu damang, ukur tiasa rumingkang sanyaliraeun. Welas-welas taun abdi ngurus barudak dugi ka sadaya lulus SLTA. Teu, Engkang, teu pisan-pisan abdi asa gaduh jasa sosoranganan. Abdi sadar, upami sanés ku pangersa Mantenna, abdi mah kapan henteu daya teu upaya. Émutan abdi, éta mah mung pangaturan Gusti Alloh, abdi nu kedah turun makalangan. Abdi mah darma kapapancénan jadi nu gaduh lalakon. Nanging sagala rupi ogé kapan Nu Maha Ngatur mah anging Anjeunna. Alloh SWT.
Engkang sing percanten, abdi mah ukur darma wawayangan, kumaha dalang anu ngamaénkeunana. Peupeujeuh Engkang ulah kagungan manah cangcaya. Ulah sieun kéna-kéna abdi jagjag, teras wantun campelak ka Engkang. Kapan Engkang téh pangeran abdi di dunya, sanaos kumaha baé kaayaanana. Ningal saré’at, Engkang téh teu daya teu upaya. Tapi kapan Alloh mah Maha Welas. Maha Asih. Moal nanggeuy di bongkokna. Welas asih ka sakumna mahlukna. Dua sasih saméméh Engkang kaserang stroke nu kadua kalina, duka ku naon abdi bet teras-terasan ngaraos sedih. Teu weléh ngembeng cipanon. Ras ka Engkang nu tos sering tiktikbrek, teu weléh ririwit, bet asa lalewang, asa pinuh ku kamelang. Nanging émut deui kapan sagala rupi ogé anging Mantenna nu ngatur. Ras ka diri sorangan, sanaos ayeuna nuju jagjag belejag, umur mah saha nu terang. Boa abdi nu bakal langkung ti payun mulang. Bet jorojoy hoyong ngado’a, “Gusti, upami salah saurang di antawis abdi Gusti aya anu dipundut, sim abdi gaduh panuhun, salian ti neda dihampura dosa, hirup hoyong aya dina rido Gusti, sareng neda disalametkeun dunya ahérat. Kahiji upami maot téh ulah matak pikasieuneun batur. Kadua mugi ulah matak pikagilaeun nu ngalereskeun. Katilu ulah matak pikaisineun barudak anu dikantun.
Nu pikareuwaseun mah nalika salira babareuhan. Saur dokter Soléh, Engkang teh kaserang panyawat jantung. Kedah diopnameu. Abdi bingung, teu puguh laku. Teu kacipta atuda upami Engkang dirawat, pisakumahaeun teuing riweuhna. Dokter Soléh nu tos biasa marios Engkang, boboléh basa disuhunkeun landong wungkul, bari teu kedah dirawat. Aya rasa keuheul ogé, tos aya kana sapuluh wangsulanana marios Engkang ka anjeunna teh, tapi mani teu aya pisan tinimbanganana. Ngalih we ka dokter sanés. Angger kedah dirawat. Panasaran dicobian ka Puskesmas, sami kedah dirawat. Nyéépkeun kapanasaran dibantun ka dokter Mumi. Dokter istri urang Jawa nu praktékna teu pati tebih ti rorompok urang. Anjeunna teh tos dua belas taun ngaasisténan dokter ahli panyawat jantung. Rupina tos terang pisan maparin landong matih kanggo nu kaserang panyawat jantung tos rada parna.
“Dupi Bapa kumaha tuangna, tiasa seueur?” dokter naros.
“Nu mawi, Dok, tuangna téh mung ukur bubur lemu campur susu, kitu gé sakedik pisan. Da sok palay luga baé, sanaos tuangna ukur sakedik ogé,” waler abdi.
“Bapa teh kirang gizi, Bu. Ti ayeuna mah kedah sina seueur tuangna. Réncangna gé kedah nu ngandung gizi, nanging ulah nu digoréng. Pais hayam, pais lauk, pais tahu campur sungsum gé tiasa. Hawatos atuh Bu, dugi ka kieu,” cék dokter. Abdi ukur ngabelehém, isin. Tapi dokter téh bangun nu surti, da teras ngupahan.
“Teu kedah salempang, tebus wé ieu landong saminggueun, séép landong ka dieu deui. Wilujeng, mugi sing énggal damang.” cenah.
Sapaparat jalan mulang, abdi ngusapan panangan Engkang bari neda dihapunten. Paralun abdi téh sanés teu nyaah ka Engkang. Abdi kirang towéksa, dina ngurus tuangeun. Panangan Engkang anu bareuh bukekeng ku abdi diusapan. Deudeuh teuing. Engkang téh busung lapar panginten. Hapunten abdi.
Ti harita, sanaos kumaha riweuhna, abdi sok teu weléh mayunkeun ngurus tuangeun Engkang. Engkang ku abdi sok diwagel angkat-angkatan. Dihaturanan kopéah sareng sarung anyar kénging mésér abdi. Wawartos ka Engkang mah ti réréncangan, étang-étang nyanggakeun panglayad ka Engkang. Engkang imut. Duka leres percanten réréncangan abdi nyaraaheun ka Engkang, duka Engkang ngartos kana rékayasa abdi bakat ku hoyong nyenangkeun manah Engkang. Nu penting Engkang tiasa wirid bari nganggo anggoan nu sagala beresih. Sanaos sanes hartosna kedah sagala anyar, nanging kapan Engkang bakal bingah upami sagala nu disanggakeun anyar. Panuhun abdi diturut ku Engkang. Bari sila andekak dina korsi panjang, Engkang teras-terasan ngucapkeun “Lailahailallah”, da mung éta-étana kalimah nu tiasa kaluar kalawan lancar tina baham Engkang. Pita suara Engkang nu reksak, ku kamurahan Gusti Alloh, tiasa kénéh ngucapkeun “Lailahailallah” kalawan lancar.
Dinten Saptu harita téh. Abdi libur teu ngantor. Kaleresan aya aturan énggal, unggal Saptu diliburkeun. Jam satengah dalapan énjing-énjing, Engkang dihuapan bubur. Dumadakan atuh bet asa rarinéh boh émutan boh kaayaan. Engkang ngalimed tuang, bubur sapiring téh mani lénang. Ngahaja ku abdi dihuapan téh supados tiasa seueur tuangna. Leres baé geuning ari bari diajak ngobrol mah, Engkang keresa tuang bari bangun anu bingah.
“Engké siang urang ngadamel deui pais hayam, nya Engkang,” sanggem abdi. Duka ku naon raraosan téh mani asa bingah tapi asa aya nu nyérését kana haté. Mani hoyong téh ngabingahkeun manah Engkang, nanging teu terang kedah kumaha. Aya rasa deudeuh tan wangenan nu nyaliara jeroeun dada. Tapi aya rasa lewang nu teu puguh lantaranana. Asa tingsérédét haté, asa ngaleketey sedih, tapi asa mendak kabungah nu ogé teu puguh marga lantaranana.
“Nuang landong heula nya, Engkang. Badé nganggo cai amis?” abdi naros.
“He’eh,” Engkang ngawaler bari unggeuk.
Sabot abdi ngabantun gelas, Ahmad ngajerit. Engkang tos ngajoprak dina korsi, bari salira jegjreg. Abdi ngusap beungeut bari istigfar. Ningal kaayaan sapertos kitu, abdi apal, Engkang koma. Ciri-ciri sapertos kitu biasana ‘pecah pembuluh darah’ dina mastaka. Dijajap ku mobil pun adi, Engkang dibantun ka rumah sakit.
Kaleresan teu aya kelas nu kosong. Aya oge di mung VIP. Kedah sayagi uang muka lima ratus rébu. Abdi mung gaduh satengahna. Tapi kénging karinganan, sésana tiasa dibayar dinten Senén. Sabada diparios sababaraha rupi pamariosan, Engkang lebet ka ruang VIP. Sasadérékan ngawitan jul-jol ngalayad. Jol suster nu badé masang kateter. Jol deui nu ngawartosan, “Ibu, ieu rémot kanggo AC, ieu rémot kanggo TV, ieu konci kulkasna, tiasa dianggo,” pokna. Abdi ngarérét ka Engkang nu nuju dipasang selang. Bari tungkul nahan cipanon nu murubut, abdi ngagero nyambat jenengan Mantenna. “Ya Alloh! Kedah kumaha abdi némbongkeun rasa tumarima? Nuhun Gusti, abdi dipaparin kasempetan kanggo ngurus pun lanceuk kalayan utami, henteu ngagolér dina samak saheulay, disimbutan samping butut. Sanaos hirup abdi mung ukur paspasan, sawios welas-welas taun kedah bajoang kalawan tohtohan. Nanging abdi yakin, abdi henteu sorangan. Aya panangan Salira anu tetep nungtun, tetep nuyun. Anu nebihkeun tina sagala rupi wiwirang. Anu kawasa maparinkeun nu pangsaéna kanggo sing saha anu dipilihna. Engkang bangun kulem tibra. Abdi reumbay cimata pinuh rasa tumarima. “Nyanggakeun Ya Robbi, naon baé anu baris tumiba, abdi moal mungpang kana Pangersa Salira. Nanging mugi salamina aya dina rido Gusti.
Salami Engkang teu damang, teu tiasa pisan palémék. Engkang ngalempréh, ngantos putusan nu baris tumiba. Abdi ngaheruk, neda kasalametan dunya aherat kanggo Engkang. Neda dipaparin kakiatan kanggo nampi naon nu baris tumiba.***

Dulur

by in 0

DIANJANGAN teh kasampak Kang Usep keur sila tutug. Ti kajauhan katenjo nyerengeh. Kumisna nu kandel nyingsat. Sanggeus deukeut ompongna kaciri. Unggal papanggih huntuna beuki ngurangan. Kang Usep ngiap-hiap. Sanggeus sasalaman gek diuk gigireunana. Bangku nu heureut teh ngan cukup dipake diuk duaan, pagegeye kawas keur ocon. Rek diuk di handap asa ngewa kawas keur ngadeuheus ka raja.
“Hayu atauh di jero, aceukna keur di cai… nyeuseuhan…” pokna bari nepak tuur kuring.
“Lah di dieu we hareudang…”
“Tas ti mana atuh, ngahaja bae ka dieu?”
“Ah nuturkeun indung suku we, sukur ari sehat mah Akang.”
“Ih, cageur, pan kamari kakara mulang ti Jakarta…” leungeunna kadak-kodok kana pesak kaos oblong nu warnana kiruh bals dipake ka sawah. Roko nu kari dua batang dipaut.
“Ti Kang Umar?” kuring nanya.
“Enya, ka saha deui,” angger nyerengeh.
“Yeh, bisi perlu ka Akang?!” Kang Usep nanya.
“Ah ngalongok we, eta sakalian tas ti Jang Elan, nempoan tangkal alba, majar rek dijual, butuh keur usuk.”
“Butuh sabaraha tangkal? Atuh itu we nu Akang ge rea nu geus manjing dituar, sagede nu itu tuh!” curukna nunjuk ka palebah tangkal alba nu pernahna teu jauh ti dinya.
“Sabaraha satangkalna?”
“Lah kumaha umumna bae, atuh kamahalan lain jeung sasaha ieuh, kari ilikan ka ditu taneuhna rek dijual, bisi rek dipikiran ku adi?” Leungeunna mautan jangot nu ngan sababaraha lambar. Make ngingu jangot leuheung mun pantes, cek hate.
“Duit ti mendi Kang, sakieu keur parait teh.”
“Ih, bisi butuh memeh di ka baturkeun.”
“Paling ge kaina kitu moal loba pira ge saimaheun.”
“Ilikan bae heula.”
“Eh, Kang! Majar Kang Umar ngawayuh ka Ceuk Odah?” Kuring tetelepek.
“Enya. Lah keun bae, malah dirojong ku Akang mah. Kahiji manehna mampuh rek boga panajikan salosin ge moal teu kaparaban. Kaduana, cua akang mah ka ngaran Ceuk Munah teh. Nyeri atuh da ngingetkeun kumaha sikepna ka kulawarga urang mah, ka kabeh oge lain dingeng, nganggap badega. Boh ucap boh sikep geus pada ngarasakeun. Pek tanyakeun ka sakur nu geus nganjang ka ditu, teu cara ka dulur jeung barayana ti pihak manehna. Pagawe hotel jeung rumah sakit sasat dulurna wungkul.”
“Enya bejana mah disakolakeun nepi ka paguron luhur kabeh oge.”
“Bener Adi, Ceuk Munah sorangan anu nyaritakeun eta teh. Sedengkeun Si Dani mah anak akang katut ka sikat gigi oge ti Akang. Di ditu mah saukur milu cicing. Akang oge mimiti mah teu percaya. Basa Danni keur di ditu ari mulang teh reumbay bae, ari sugan pedah pajauh jeung kolot. Balaka soteh sanggeus manehna tamat sakolana sarta geus digawe. Paingan manehna kekepehan embung digawe jeung Uana. Padahal rumah salit swasta bari mewah, pasilitasna alus. Nyakitu deui hotel kari milih rek di kota mana. Na ari pok  ngawalon, ayeuna mah pangarti boga, digawe mah di mana we dapon ngeunah hate, hoream jadi kekesed saumur-umur mah. Tuluy balaka yen sabot di imah Uana dikekeyek alah batan ka rencang. Tapi ari ka dulur ti pihak Ceuk Munah mah henteu kitu. Maranehna malah sok wani nitah ka Dani teh. Komo mun sagala nurut. Ieu mah kadaharan ti dieu diangkutan, nya beasna nya laukna.”
“Enya nya Kang, apan Kang Umar bisa jadi kitu teh mimitina mah jasa Akang ngorbankeun takajar ti Ua Hasan nya.”
“Lah, heueuh, matak oge mun ngarah ungka-ungkalan mah. Tapi Akang mah teu kitu. Manehna oge manusa tangtu boga rasa rumasa, paling henteu dina hatena.”
“Naha Kang Umar kitu nya?”
“Lain Kang Umarna, tapi Ceuk Munah nu goreng adat mah. Sabaraha kali Kang Umar ngahiyap sangkan milu deui di pausahaan, teu hayang lah Adi, nyeri hate ari dipitnah teh.” Kuring nyaho caritana yen kang Usep disangka korupsi. Tapi sanggeus kanyahoan nu boga dosana, Kang Usep kalah pundung.”
“Kang Jaja oge kanyenyerian pan…”
“Eh, enya kumaha eta, bejana Yati kalah pindah?” Kang Usep nanya.
“Pan kieu eta teh, Kang Jaja ngalongok Yati, ari budakna kuliah nepi ka burit. Eta ti isuk, diuk di luar teu aya anu ngahayap, boro-boro mun disuguhan, dahar oge di warung.”
“Ari ceuk Munahna aya eta teh?”
“Aya, tapi sanggeus nyebutkeun Yati keur kuliah terus indit kana mobil. Teu mikirkeun jelema datang ti jauhna. Cindekul we di luar. Tuluy cacaduan moal hayang deui nganjang deui ka imah Kang Umar. Nu matak kadelasan teu nincak deui nepi ka maot oge.”
“Kaayeunakeun mah ari nganjang teh sok ka kantor Kang Umar. Hiji waktu kungsi ngagorowok, naha nganjang teh ka darieu bae, pan dewek teh boga imah cenah.”
“Pan hoream nempo paroman Ceuk Munah kawas nu curiga rek barang penta.”
Keur kitu jol Ecin ngelek seuseuhan balik ti tampian. Solongkrong sasalaman.
Basa pangaosan di kaum pendak jeung nyi Nining teh,” Ceuk Ecin nyaritakeun pamajikan.
“Muhun pun bojo oge nyarioskeun.”
“Naon atuh suguhna, yu atuh sina di lebet bapana, tuh Aceuk gaduh pindang lauk.”
“Ih, ti tadi oge diajakan,” cek Kang Usep.
“Ngiring jajap seserahan, Jang Dadang?” Ceuk Ecin nanya. “Kumaha Ceuk?”
“Eta henteu ngiring jajap seserahan Kang Umar?”
“Euh, henteu, aya wartosna mah.” Kuring nyerengeh. Kabayangkeun mun panganten aki-aki diabringkeun. “Abong-abong lalaki nya, teu kaop di bere senang gancang nyandung.” ceuk Ceu Ecin bari meureut samping, tuluy disampaykeun dina tambang nepi ka rantuy di buruan teh.
“Teu senang oge ari niat mah,” ceuk Kang Usep. Ceuk Ecin ngadelekan.
“Atuh sering ka dieu ayeuna mah Kang Umar.”
“Nya sering ari kilir. Tapi da tara kaburueun ka dieu mah, enya oge kaliwatan.”
“Harianeun atuh.”
“Eta pan keur rarepot ngawangun hotel mewah di Pangandaran.”
“Beuki seueur bae atuh, ampir diunggal kota.”
“Bejana mah…”
“Kasieunan, Jang Dadang,” Ceuk Ecin mairan.
“Ah kasieunan pedah naon, ari urusan barangbere mah ari niat, da batur teh moal kadak-kodok kana pesakna, ari teu bro mere mah, lain kitu Jang Dadang?” Kang Usep nyeungeut deui roko .
“Sumuhun, sugan ka Akang mah geten pedah ka dulur pet ku hinis. Ka abdi onaman tara nganjang oge pantes saukur supat-sipat keur mah teu  aya tempoeunana,” ceuk kuring.
“Sarua bae ka dieu oge. Enya ari ma’lumeunana mah jalma sibuk ku pagawean, lebah urangna nu sarua delitan.” Kang Usep ngabela dulurna.
“Ngeunah we nya, Ceuk Odah mah, kawas kawin ka jin, jol jleg gedongna, geuleuyeung mewah, perhiasan hurung-herang,” Ceuk Ecin kawas nu kabita. Abong awewe sok panasbaran.
“Heueuh, komo mun kawin ka jin mah geura…”
Kang Usep ngareret ka pamajikanana.
Wanci lohor kakara pamitan. Nyimpang heula ka balong bisi caina saat aran usum halodo. Sakalian solat di bale kambang. Sajajalan rurat-reret sihoreng lelegana mah tanah Kang Umar. Atuh da unggal nu ngajual pasti dibeuli. Saharita mah asa katulungan. Antukna patani leutik mah beuki ripuh sabab jadi henteu boga tanah garapan. Ari taneuhna teu digarap rea nu digamblungkeun.
Heuleut dua bulan ti harita tepung deui jeung Kang Usep teh di Bale desa  basa upacara ngaresmikeun gedong olah raga. Harita Kang Umar ge aya jeung Ceuk Odah. Meunangkeun randa ge teu rugi da geulis Ceuk Odah mah. Ngaranda soteh ditinggalkeun maot alatan cilaka.
Turun tina mobil mewah Kang Umar dipapag ku inohong ti kacamatan jeung Pa Kuwu. Basa Kang Usep datang mah da ka dinyana kana motor bebek, padahal adi lanceuk tapi ka kang Usep mah arapi lain. Kuring jeung Kang Usep oge nyampurkeun Kang Umar. Sasalaman. Saukur imut sarenyu da kaburu dikaleng ku Pa Kuwu. Kang Umar jeung Ceuk Odah diuk di jajaran hareup ngarendeng jeung Pa Camat.
Basa Pa Kuwu biantara langsung nganuhunkeun ka Kang Umar anu jadi donatur panggedena nepi ka bisa ngawujud gedong olah raga.
“Kang, tuh geuning sakitu uduhna Kang Umar teh disangka rek nyumbang sajuta malah jadi tilupuluh juta rupia,” cek kuring.
“Ih, ari Jang Dadang ari mere ka dulur mah moal diumumkeun kawas bieu, moal nyahoeun batur, mubah!” pokna bari seuri.
Kang Umar pamitan ka sararea.
“Moal ka ditu heula, Kang?” Kang Usep nanya.
“Engke deui lah, tos sonten.” Pokna bari ngasngkeun leungeun sasalaman. Karasa aya nu nyangked dina dampal leungeun.
“Lumayan keur roko,” saur Kang Umar bari ngusap tonggong. Kuring nganuhunkeun.
Muka leungeun rerencepan meh bareng jeung Kang Usep. Sarua saratus rebuan salambar.
“Alhamdulillah,” meh bareng deui bae.
“Yu ah mulang, mahi yeuh dua poeeun, ti mana we milik mah.” Kang Usep ngacungkeun duit nu ti Kang Umar. Tuluy ngahirupkeun motor bebek nu geus capeeun mamawa Kang Usep. Ti bareto can ganti-ganti padahal merk motor loba nu anyar. Kawas teu kabitaeun.
Asa enya boga dulur jeung Kang Usep mah, bisa dipake batur pakumaha. Najan sakapeung mah kawas pajengut-jengut jeung nu gundul.***

Ciricit Beurit

by in 0

HAREUPEUN saung. Durukan ngabebela, bangun hayang ngarérab peuting nu jempling. Hayang ngaduruk lalancip angin, jerit jangkrik, genggerong bangkong. Hayang ngaduruk pucuk-pucuk kalapa, méga jeung béntang nu gumeter. Hayang ngaduruk langit.
Sardiat teu eureun nambahan suluh. Ngagarabyag. Mabra buruan saung. Sora seuneu ngahakan dahan garing. Tingbeletok suluh awina. Silalatu nyieuh-nyieuh cika-cika, sina rabeng luhureun kotakan. Sawahna. Sawah nu keur disawang. Diimpleng jeroning mongkléng. Mongkléng peuting. Mongkléng haté.
Isuk panén! Gerentesna semu ketir. Siki-siki paré racleng dina panonna marengan serebung silalatu. Ari dina dadana, rébuan beurit ngasrék ngagares jajantung.
Sardiat haben ngalinting bako. Cacarita jeung haseup. Seuseup deui. Nyeuseup deui. Munggah kebek dadana. Bangun hayang muput nu motah dina rasa. Kalah batuk mani ngéhkéh. Lung, dipiceun. Gap deui, ngalinting. Bari malaweung kabandang koréak gagak.
Peuting, peuting geus nihtir deui. Siga saratus peuting nu ngéntép na lelembutan. Lelembutan Sardiat. Nihtir. Ricit ti saban madhab. Ti galengan ka galengan. Ricit patumpang tindih dina saban kotakan. Siga peurih saratus peuting nu kaliwat. Saratus peuting saprak ngarambét mindo. Saratus peuting nu ditahan sajeroeun tulang iga. Kiwari usik. Rampak usik. Dina tulang. Dina daging. Dina getih. Usik-usikan. Tuluy ngamalir kana saban pori-pori kulitna. Ngamalir ka saampar hawa. Kana peuting nu nihtir. Kana angin nu ricit. Kana silalatu nu merul.
Kalangkang silih kalangkangan. Kumalangkang. Rumingkang. Ringkang-ringkang. Juringkang poé pakaléng-kaléng. Kakalayangan. Jangjang hariwang.
Sardiat hayang ngarambét poé nu neba di mana-mana.
Keur kitu, sorot batré ngaburinyay dibarengan sora suku. Ngagesruk di pipir saung. Gigireun balong. Gesruk. Burinyay. Gesruk. Burinyay. Aya nu ngurunyung diharudum sarung. Ngajanteng sakedapan. Surat-sorot kana kotakan. Dipapay imeut naker. Kucrak-kecrek. Sebrot deui. Meneran pisan pupuhunan anyar nancebkeun. Sarénghapan. Disorotkeun ka jauhna. Kana tungtung amparan kotakan. Rumahuh. Tuluy dipangpéngkeun ka luhur. Ka langit. Kana béntang nu gumeleter. Lir ngintip riuk nu nyamuni satukangeun langit. Ngaharéwos sosorangan. Antara ngadunga jeung nyupata. Teu pati jéntré.
“Kadé isuk jam genep, Sujang! Kitu, cék itungan Emang!” sora beurat semu peura.
“Diutang-itung gé moal matak untung!” Sardiat némbal, les-lesan, sabot rut-rét kana sarat keur pupuhunan; kana buah kawung nu ruruntuyan, kana janur, kana duwegan, nu ngarantung na palang saung.
“Tong aral! Saréréa kapan. Mun kitu ancur sorangan!”
“Batur onaman usum kamari marucekil! Uing? Mindo dihanca si monyong! Usum kamari ngéclok ka Emang keur nyumponan nu boga sawah! Boa-boa mindo ngéclok deui!” Sardiat neuteup nu ngajanteng, ngaliwatan pucuk-pucuk seuneu. Teuteupna lir sapasang walungan és, tuluy leyur saluhureun durukan.
“Geus ti baheulana! Nu boga sawah lalolong haté! Kanyahona kintalan paré pareng panén! Teu miroséa buruh macul, harga gemuk jeung bebengok hama! Tapi, takdir kudu ditarékahan, Jang!” Mang Mahdi malik. Ngagesruk ngadeukeutan nu ngabebela. Sarungna murag kana taktak. Lalaki kolot. Kumis baplang badis ruruntuk oah. Panonna seukeut. Nengetan polah Sardiat.
Sardiat anteng nurun-nurunkeun doran nu ngagarantung dina bilik saung. Doran pacul saopat-opat diturunkeun. Hiji-hiji dibebeskeun kana seuneu.
“Nyaah, Sujang!”
“Diteundeun kalah matak heurin! Teu jadi duit!”
“Montong ngarasula! Anggur mikir pikahareupeun! Cikan ngasaan bakona! Euleuh, jadi inget ka Bapa ilaing, Si Jenat. Bako Pasigaran, lin?” diuk dina tangkal gedang nu ngajepat. Maut bako jeung pahpirna. Ari panon tuluy manco nuturkeun laku Sardiat nu laju ngasur-ngasur doran.
“Baheula. Déwék teu béda jeung silaing!” Mang Mahdi ngalungkeun suluh urut nyeungeut lintingan. “Na dikirana Jang Haji teu kejem kitu? Kejem! Kejem kacida! Teu béda ti Kuwu kiwari. Ngan déwék teu paya dikakaya! Tiap panén tekor, teu sirikna lir anjing manggih bagong! Déwék teu paya. Méméh digebrag. Ngagebrag ti heula. Hiji waktu, déwék ngamuk di imahna. Teu sangka, borangan! Berekah, bageur nepi ka ayeuna!” ditungtungan nyéréngéh, reueus kana katineung nu dipurak. Sardiat seuri leutik. Seuri nu nyiriwik kana ati.
“Paré urut kamari moal waka kagantian, Mang?”
“Keun! Nu puguh silaing kudu boga ketak! Ulah sabar teuing siga bapa ilaing! Montong daék diidek waé! Da lain taneuh!”
Sardiat jempé. Mang Mahdi teu eureun manjangkeun kalimah. Marengan létah durukan nu beuki rongkah. Tuluy manjang unggah ti kotakan ka kotakan. Kekecapan ngeteyep dina tumpukan sora-sora peuting. Ngaduruk waktu.
Anjing babaung ti jauhna. Ti luhur pasir.
Sardiat mulang ka imah. Dina korsi. Kasampak Cicih, pamajikanana. Mapatahan nulis ka Déwi, budakna nu karék kelas dua SD. Luhureun méja. Aya sangu goréng setengah piring, coét jeung gelas taya eusian. Aya baskom héjo ditutup kaén bodas. Bari kerung, ramo Sardiat mukakeun tutupna.
“Bérés geuning?”
“Ti Mang Mahdi. Magrib ka dieuna.” témbal Cicih. Pék ngusap sirah Déwi. Cengkat. Koloyong ka dapur. Teu lila kapireng sora cai nyurulung. Ngaronghéap geus mawa gelas cikopi. Sok hareupeun nu mencrong kénéh eusi baskom. Kana sarat pupuhunan. Kupat. Bubur bodas, bubur beureum. Opak. Wajit. Puncak manik. Béas samangkok jeung duit kencring. Kekembangan. Menyan. Surutu. Eunteung. Jeung étém.
“Naon hartina sugah-suguh? “ Sardiat ngicip-ngicip kopi.
“Ari taeun téh! Manjangkeun lalampahan karuhun. Émut kasauran Bapa kapungkur, ulah hilap kana akar!”
“Ongkoh badé nanggap jentréng? Resep Déwi mah, kapungkur ogé nuju aya aki. Nu ngibingna, Pa! Geuning Nini Ima mani siga nu ngapung. Siga heulang nuju muir di langit!” Déwi luncat tina korsi. Nyéta-nyéta nu ngibing jentréng. Gancang dihuit ku Cicih.
“Déwi kamari pan ngagambaran oray-orayan, nya? Enjing urang apungkeun di sawah. Ngajak A Médi, wé! Ayeuna énggal bobo! Tos wengi! Tuh, aya anjing babaung!” Sardiat ngupahan nu nagih janji.
“Alah Uhun! Asik! Warna-warni di langit! Sing luhur diapungkeunana. A Médi téa jagoan!” Déwi lunggak-linggeuk. Cumentil. Mérésan buku. Tuluy ngagusur Cicih asup ka kamar. Ngolo hayang dipangdongéngkeun. Sardiat nuturkeun ku teuteup.
“Kadé reksak! Buku éta warisan ti Uyut. Nuju Nini saageung Déwi. Kedah apik. Kamari dugi kamana?” Nu guntreng di jero kamar. Teu lila, bet kapireng sora Cicih  ngahariringkeun lalakon Déwi Rengganis. Sorana tembus ka saban rohang. Rohang tengah nu heureut. Sardiat guligah sorangan. Kurulang-kuriling. Noong nu ngadongéng. Lalajo antayan sireum dina témbok. Ngintip eusi baskom. Nénjo cakcak nu nguliwed satukangeun kalénder gambar amparan sawah nu paréna meujeuhna alaeun. Lir amparan emas handapeun langit bungur. Asa aya nu ngarabut jajantungna. Mangsa sapasang beurit. Sapasang beurit luncat kana méja, tingarajleng kana ubin. Tingciricit muru dapur. Nyeblak. Asa dibalangkeun ka jurang. Bari taya pamuntangan.
Poé isuk, kuma isuk! Cék Sardiat bari ngoloyong ka kamarna. Kekedengan. Bari tagiwur. Katingtrimkeun ku sora Cicih nu lir hiliwir malati pareng bulan samagaha. Sakedapan nyieuhkeun ricit. Ngalenyap sakedapan. Di nagri impian Sardiat nénjo rébuan beurit ngahanca pupuhunan, ngahanca sanggar jeung eusina. Merul satangtung tangkal-tangkal kalapa. Ngagares lembur. Ngagares nagara. Ngagares mangsa.
Lilir sakedapan. Hawar-hawar wawacan Rengganis bet kapireng jadi nu ngaji. Walungan ayat suci némbrés ngamalir jeung ingsreuk. Rét. Dina ubin. Saluhureun sajadah kucel. Cicih geus dimukena nyanghareupan kitab.
Isuk-isuk. Panon poé geus moncorong. Sardiat ngaléngkah bangun teu napak. Langlayangan oorayan gupay-gapuy dina tonggong Déwi. Hareupeunana. Srog ka sawah. Nu dibuat aranteng. Ngarit paré diunggal sisi. Ipis naker. Tengahna héjo cawérang. Taya alaeun.
“Ari ilaing siga lain turunan tukang tani! Langlayeuseun siga langlayangan kapakan.” Mang Mahdi nyengor.
Sardiat ancrub ka sawah. Laju milu ngalaan paré. Guntreng jeung arit. Saarit-aritna.
Hawa panén ngungun. Tarungkul jeung arit séwang-séwang. Nu réngsé, maju ngagebot. Ukur Déwi nu jigrah noongan puncak manik. Oray-orayan ngibing saluhureun pucuk kalapa rawing.
Méh saréréa ngeureuyeuh ngagebot. Sada motor digaur-gaur deukeut saung. Kuwu melak cangkéng bari ngulincer balong. Sardiat kalékéd nyampeurkeun nu bolotot ngomé huis.
“Déwék hayang nempo lauk, euy! Cing, pangbedahkeun! Ngeunah sigana mais lélé! Baradag temen!!!” pokna mapag nu moyongkod.
Nu dititah tiban mangga. Gebrus ka balong. Ngabedolkeun liang pamiceunan. Cai ngagewor ka kotakan landeuh. Kuwu jalang-jeleng. Jamotrot nénjo antayan tangkal kalapa lebah wates jeung sawah séjén. Kerung. Gogodeg.
“Teu sangka!! Lain ukur beja! Bener-bener!!! Silaing sok ngajualan kalapa ka saha?” Kuwu ujug-ujug nyeuneu.
“Teu pisan-pisan! Tara kumawantun!” Sardiat karék hanjat.
“Buktina! Tina ngaratus, ayeuna sia ngan lilikuran ngirim ka déwék. Duwegan dibajongkeun?”
“Apan tuang putra, nu bungsu, nu sering ngala duwegan mah!” Sardiat ngarénghap jero. Neureuy nu ngabagegel. Kitu buktina, kalapa mun loba diala duweganana, tangtu sok nyéot ngagoréngan.
“Wani sia nyalahkeun anak déwék!!! Teu gableg cedo! Na sia poho?!! Nyatu ti tanah aing!! Gogobrog di lahan aing!!! Padu nuduh wé, siah!!!” Kuwu tutunjuk bari tipopolotot. Bangun rék sahabek-habekkeun.
Sardiat ngeluk di sisi balong. Tipepereket nahan nu ngagedur jeroeun dada. Kuwu ngawur-ngawur supata. Sagala disabit. Jalang-jéléng. Jamotrot. Sésa durukan disépak. Mang Mahdi ngaragap arit.
Balong orot. Kari samumuncangan. Ngan ahéng. Taya nu motah. Ukur hiji dua tingkocépat. Ukur impun jeung buruy minuhan unggal juru.
Sardiat sepa. Kuwu euceuy saga. Ngagejlig muru jalan.
“Sia ditungguan ku aing engké peuting!!!” clak kana motor pulas beureum bandéra. Nyelah sababaraha kali. Teu hirup. “Teu sangka aing ngukut rinyuh!!!”
“Laukna, Pa Kuwu! Pameng tos dibedahkeun!!” Sardiat muru nu pundung.
“Lebok ku bebengok sia!! Aing melak lauk ngarebu!!” motor teu daék hirup. Guprak, digubragkeun. Sardiat  colohok mata simeuteun. Kuwu malik. Amarah nyongkab tina matana. Pédéngkréng deui waé. Saréréa cengkat tina ngagebot. Sardiat nyéréd léngkah ngajauhan sawah. Ngajauhan nu bangun rék mindo ngabeledug. Nyampoyong sapanjang ringkel galengan. Cicih curinghak.
Balong taya nu maliré.
“Rék kamana, siah? Nyingkahan aing!!! Nyanghareup ka dieu, koplok! Bapa sia teu goblog-goblog teuing! Na ari sia teu ngaragap tangtungan pisan! Ngabangsat teu kapalang! Haat ku aing ditulungan kalah curaling!” Kuwu bebeledagan. Siga gelap jeroeun hujan silantang. Meupeus keuyang.
Sardiat ngarandeg. Leungeuna muntang kana tihang pupuhunan. Nu ngagarebot mimiti ngabaredega. Mang Mahdi meuntasan kotakan.
“Sia, Mahdi! Paingan! Ngariung jeung baragajul! Garong malulu! Saéngko sia jeung Si Diat! Pantesan pakaya aing tara kahakan! Moal salah! Ku aing dilaporkeun, siah! Ngaranjah wé pagawéan téh! Dasar jalma salangsara!” Kuwu awong-awongan lebah galengan.
“Kuwu!” Mang Mahdi nyorowok ngamangkeun arit.
“Rék naon, sia? Aing nyaho sia ukur tarik gorowok! Rék ngabéla alo! Alus, deuleu! Garong ngabéla garong. Deuleu alo sia euweuh kabelul! Paré kalah diparabkeun ka beurit!!! Usum ayeuna déwék menta lima kintal!!! Teu hayang kurang sasieur!!! Dikirana mayar pajeg murah!!!” Kuwu ngacungkeun peureup mapag Mang Mahdi nu ngarengkog di tengah kotakan. Aritna masih kénéh ngacung saluhureun siah. Sardiat tipepereket nyekel tihang pupuhunan, urat-urat leungeunna ranteng. Cicih kapiuhan di juru kotakan landeuh. Nu ngabaredega cul geboteun. Mimiti ngalaléngkah. Jeung aritna séwang-séwang. Muru kotakan tengah. Handapeun pisan panon poé.
“Naha cicing Mahdi?! Aing teu tarima pakaya aing dirampog! Coba-coba kaniaya ka aing! Sia rék ngalawan?! Sia ukur gedé haok! Leutik burih! Diaaaat!!! Mana tanggung jawab silaing?!! Rék digantian ku naon lauk aing? Kalapa aing?” Kuwu mencrong ka Mang Mahdi nu bangun kasima. Siga arca. Siga bebegig ngacungkeun arit. Satengahing paré héjo tapak beurit.
Sardiat kekerot. Dua leungeunna adu regeng. Pupuhunan karabut. Eusina racleng. Sardiat ngabelesat sapanjang galengan. Pupuhunan meulah angin. Ngahiuk. Ngahanca.  Meneran pisan sirah Kuwu.
Mang Mahdi katut nu ngalaléngkah. Pirang-pirang arit. Tinggarajleng ngaboro nu ngajurahroh kana kotakan.
Harita, pirang-pirang beurit tingciricit. Réwuan. Kaluar tina saban liang. Tina saban kotakan. Mijah. Tuluy ngabring. Lir aleutan méga mendung. Muru gumplukan sawah beulah peuntas.
Panon poé katutupan méga. Oray-orayan nyangsang lebah pucuk tangkal kalapa. Rangsak.

Di Patamanan

by in 0

Di patamanan. Sakatukangeun Pondok Barokah. Lampu buleud tengah palataran, tihangna ajeg dirungkup-rungkup malati, katénjo reyem-reyem. Angin seungit ngahiliwir nebakan mangpirang biwir daun. Nebakan mangpirang pucuk lilin. Kiceupna tingkalices, ari pucukna teu kendat nunjuk béntang nu tingkaretip. Lilin sawaréh rapang lebah émpang, lumaku luhureun gabus, lir layar-layar cahaya.
“Taya deui jalan, Sinta!” Rasta neureuy ciduh. Lungsé. Ngarasakeun awak balas dibeberik intél tadi soré. Bangun ngawawaas pélor rabeng pasulibreng mangsa patingberetek nembus gang kaluar gang. Sabada tempat ngariung kagerebeg, sabada bubar katawuran.
Sinta ngicip-ngicip biwir gelas. Leumpang ngadeukeutan sisi émpang. Nyawang baranang nu tingarangkleung. Nyeuseup tungtung kurudungna. Lilin aroyag.
“Harita urang kudu pada-pada ngorbankeun haté,” cék Sinta tungkul ngarasakeun nu milu oyag lebah dadana.
“Keur ngudag kabagjaan séwang-séwang, naon salahna? Kapan cék Sinta gé sagala rupana geus aya nu ngatur. Aya nu nangtukeun. Kari ngarayap nuturkeun kereteg angen, asal ulah mungpang tina ugeran. Naha kudu ringrang? Sinta teu kudu salempang mun enya kayakinan sorangan. Sedeng kuring sawajarna melang, da hirup ditangtukeun ku léngkah sorangan.” lebah tungtung kalimah Rasta ngusap beungeut hayang mupus kalangkang getih nu ngucur tina dada Marli, sobatna nu ngudupruk digusur kana mobil kijang, handapeun layung wungu.
Rasta ngaduruk congo roko kana pucuk lilin luhur méja. Lilin beureum gambar naga, nu huluna kakeclakan, lééh. Ngalembéréh. Sawaréh geus narétés kana buku sajak pulas hideung nu ngagolér taya nu maliré.
“Keur naon atuh hirup téh, Ras?” Sinta nyawang awang-awang.
“Keur hirup!” témbal Rasta tandes. Nguniang, meungkeut buukna nu gimbal. Sarérétan manéhna nénjo nu ngariung di téras loténg pondokan nu séjén, anu nampeu ka patamanan, halihitaran, tina tangga norojol nu angkaribung babawaan, sakiceup tinggareblus paheula-heula asup ka kamar, panto dijablogkeun.
“Ari cinta?” Sinta ngedalkeun kecap sanggeus ngawahan sawatara lila.
“Keur cinta.”
Sinta masrahkeun gelas nu kari setengahna, mangsa ti loténg ngabelesur lagu Selamat Ulang Tahun. Duaan pahareup-hareup. Pada-pada tanggah. Milang béntang. Milang kembang mangsa lawas. Milang raheut mangsa datang. Duanana saéstuna hayang léah silih igelan. Nu hiji bulan. Nu hiji samagaha. Nu hiji hujan. Nu hiji katiga. Ketak horéng teu sawirahma. Reundeuk jeung igel papalingpang. Pengkuh na pamadegan séwang-séwang.
“Getih geus ngamalir…,” haréwos Ratsa nunjuk salah sahiji béntang.
“Getih? Getih Marli? Getih Asep? Getih Tisna? Getih saha deui???!” Sinta ngégél biwir sorangan.
“Anak-anak nagri.”
“Buruh jeung patani?”
“Saréréa keur naratas néang muara.”
“Surga?”
“Nagrina nagri.”
“Sungapanana?”
“Nagri nu ditandasa.”
“Manusa, ti manusa, keur manusa?”
“Manusa jeung harepan. Manusa jeung késang. Manusa jeung getih. Manusa jeung kaunggulan.”
“Sajarah kungsi cumarita ngeunaan getih jeung cimata.” Sinta ngaheruk.
“Kawas nu teu nyaho. Aya nu nyipta kelemeng lebah sajarah. Sarta léngkah-léngkah maju ka hareup, lain ka tukang.”
“Révolusi, tangtuna?”
“Bongan saha nyipta jurang.”
Sinta peureum.
“Mangratus juta peureup baris jadi makuta.”
“Gusti!”
“Hiji-hijina gusti ukur perjuangan!”
“Gusti,….,” Sinta miceun beungeut. Ngalanggéor. Tungtung kulotna, pulas  kekembangan, ngagulusur ngusap jukut. Angin nu ngoréjat ti satukangeun bénténg, geus ngalantarankeun sababaraha parahu lilin kalebuh. Ngajéos. Karem.
Méh bareng miceun rénghap na beungeut émpang. Mariceun guligah kana keleter nu buburilakan. Sinta teu kaitung ngucap: Gusti!
“Hiji waktu. Hiji waktu hirup gé bakal karem. Pasti!” cék Sinta sabot Rasta nyelang nyokot lilin jeung gabus sakuriling malati. Pék sina ngeuleuyeung na beungeut émpang, sina ngangkleung ngayuman nu tadi karem, sina ngangkleung maturan nu masih tingkaliceus. Bangkarak gabus nu taya lilinan bet katémbong ngabalaan. Siga panasaran.
“Pareum. Meredong.” laju ngoéran bangkarak gabus.
“Cahaya mulang ka asalna.”
“Kutan?” Rasta ngalangeu.” Balitungan?”
“Surga atawa naraka. Batin kaadilan.”
“Utopia.”
“Aya awal tangtu aya ahir.”
“Deudeuh teuing, wayang-wayang.”
“Dalang kawasa.”
“Taya tapak nu bisa dipaké eunteung.”
“Mata batin, Rasta. Puseur kalbu tempat ngancikna.”
“Nu nyata wé atuh, Sinta. Nu nyata.”
“Nu nyata saukur berhala.”
Rasta nengetan hiji lilin. Méré isarah sangka Sinta milu niténan. Belewer dibalédog. Kecemplung. Pes. Jempling. Sajatining jempling. Simpe tina pucuk kana pucuk  lilin kaoyagkeun lambak. Émpang ngeleter. Gumeleter.
“Pati.” sora Sinta halimpu. Lir sirung lagu nu meupeuskeun simpé.
“Kakasih.” Sinta ngarambatkeun deui wirahna jeung kukupuna.
Rasta nahan ambekan. Jamparing nu dipentangkeun bet malik niruk ka sorangan. Kasima. Kagagas. Aya nu kumarayap lebah rohang-rohang dadana. Tembang nu lengas-lengis. Humarurung. Teu kawas sambuang sora Sinta. Diayap. Dina dadana. Horéng aya lewang ngarandakah.
Gentak nyingkahan émpang. Nyician gelas. Regot.
“Na aya sabaraha hiji ari cinta?” gerentes Sinta teu maliré nu samar polah.
“Hiji.” cék Rasta awor jeung jentring zipo. Haseup ngabrul. Kumalayang. Muputkeun ngungun ka alak paul.
“Buktina. Cinta urang pada nogéncang.”
“Cinta salawasna  cinta. Nu séjénna getih kawajiban.”
“Cinta téh rénghap.”
“Satuju. Cinta ibarat langit. Getihna matapoé jeung méga mendung.”
“Matapoé jeung girimis mun tepung nyiptakeun katumbiri.”
“Saha matapoé? Saha girimis?”
“Nya urang katumbirina.”
“Kaéndahan sajorélatan! Matapoé jeung girimis surti kana kawajiban séwang-séwangan.”
“Teu béda ti urang.”
“Kanyataan ngaenyakeun.”
“Hakékatna ti langit nu hiji. Pada-pada miasih bumi.”
“Naha los-los ka dinya?”
“Salah?”
“Ukur katineung nu baris katumbirian…,”
“Mumpung can jadi katineung. Siga Marli. Barina ogé tangtu salawasna lamun amprok lebah dada. Ngelewung dina kalbu. Warna-warni lebah sukma.”
“Karang hamo leyur ku sajuta ombak.”
“Saha atuh nu pangkawasana?” teuteup Sinta liuh norobos lilin.
Rasta ngarasa kekecapan nyugak na genggerong. Rangseb. Kari-kari nu tingkarayap tina dada geuning geus nyampay na elak-elakan. Kecap saha nu usik-usikan hayang milu palid jeung kamalir kalimah Sinta. Teu wararawuh. Teu katalungtik ngan burialna tina dada lebah mana.
“Saha atuh nu pangkawasana?” Sinta imut pinuh lolongkrang.
“Cinta.” Rasta rumegag.
“Aya sabaraha hiji ari cinta?”
“Hiji.”
“Nu saha?”
“Nu urang!” hégak Rasta, hégak nu tas manggih tanjakan.
“Langit nu hiji….,” Sinta gegerendeng sorangan, ngahaja ditebar ka mana-mana. Awor jeung seungit malati nu humariring. Ngadalingding. Ngayun  ngambing.
Rasta tiban hareugeueun. Dina dadana.  Kiwari nyiriwik réwuan balati. Nurih bari nyisit. Bangun hayang ngajemprungkeun tarali nu tuluy usik-usikan. Tarali batin nu hésé dikadalian.
Haseup roko nyalabarkeun guligah. Ka saha. Da, taya sasaha di alak paul. Kapan saukur mongkléng pangimpian. Tapi. Aya.
Aya. Aya nu keur ngangon béntang. Jauh kacida. Jauh kacida. Hémeng, tarali nu tuluy nyirung bet cacap nembus ka palebah dinya. Madu nu lawas teu kasuruput. Sora saha.
“Langit nu hiji, Rasta. Moal matak meunggaskeun cinta. Moal matak mugagkeun lalampahan cita-cita. Tangtu asal bajuangna batin teu kaluli-luli.” Sinta  muru méja. Rasta deui-deui ngarénjag.
“Sumanget meureun hamo ngagalura.” sora leuseuh ngarangkul Sinta nu mimiti mukaan lambaran buku.
“Kuma paniatan.” Sinta masang kacamata.
Kayakinan nu hiji. Getih jeung madu sina gumulung. Rasta humandeuar. Halon Sinta ngaderes sajak.
Ti palebah loténg. Panto nu tadi ngajablog ngadak ngageblang. Kapireng campuh sora cakakak. Gelas peupeus. Hitar gumrang-gumréng. Lagu sabulangbéntor. Bob Marley. Campur Sari. PHB. Zamrud . Indonesai Raya. Gorowok tingrampéol. Aya botol ngabelewer ngaluncatan balkon. Ngagejebur luhur empang. Karem sakabéh layar cahaya. Samagaha ragrag di sagara.***

Silang Sigeu

by in 0

POÉ Minggu ngajak budak ulin ka toko buku. Éta tuda ti kamari ngaéh baé hayang buku catetan leutik pulas kayas. Teuing keur naon, da ditanya téh ukur nyebut keur catetan. Diayunkeun wé kahayangna téh, sakalian rék néangan buku séjénna.
Budak téh jigrah pisan. Di toko buku taralang-tereleng ka ditu ka dieu. Rada kawalahan kudu nutur-nutur jeung mukaan buku nu ditunjuk ku manéhna, da geuning béhna mah lain ngan néangan buku catetan. Kalah ka néangan buku bacaan séjénna, sakitu can lancar maca téh.
Keur anteng nengetan buku, gigireun aya nu ngajanteng. Awéwé tengah tuwuh. Cék rarasaan, éta awéwé téh rét deui rét deui ka kuring. Teuing ngahaja, teuing ngan ukur rarasaan.
Teu kungsi lila aya nu nepak kana taktak.
”Silang?!”
Sajongjongan kuring ngabigeu, panon mureleng ka éta awéwé nu nepak taktak téa.
Dina haté nginget-nginget deui kecap Silang, teu karasa kuring némbalan.
“Sigeu?!”
Manéhna seuri bari ngasongkeun leungeun. Kuring mani kumejot, haté mah hayang ngagabrug. Ngan teu werat, apan manéhna téh awéwé, di tempat ramé deuih.
Enya, disebut tengah tuwuh téh asa merenah pisan. Buukna geus culcel huis, tapi dangdananana mah matak hookeun keur awéwé saumurna mah. Geura wé, buuk najan geus culcel huis gé, tapi ari modélna mah kaayeunakeun. Maké cindung, tapi lain jilbab, ukur disampaykeun, malah mimindengna nyéngléd dina taktak. Bajuna gombrang, maké pantalon, kéwes asa ningal dangdanan Indira Gandhi.
Sasalaman téh rada lila jeung terus silih keukeuweuk.
“Keur naon di dieu?” pokna.
“Nya néangan buku atuh, maenya néangan emih kocok di dieu…”
Manéhna nyeuleukeuteuk, enya can poho kuring gé, kabeukina emih kocok téh.
“Jeung saha?” manéhna nanya deui.
“Jeung budak!”
“Incu ieu téh?”
Kuring teu pati némbalan, kalah ka hayoh nitah budak ngarah munjungan.
“Tuh, salim heula ka Ua.”
“Nu bungsu ieu téh? Boga sabaraha budak téh? Mana indungna?”
“Indungna mah di imah wé, da tadi diajak téh mugen, majarkeun loba seuseuheun!”
Kuring jeung manéhna uplek ngobrol bari nutur-nutur bujur budak milihan buku.
Bérés babayar, kuring, budak, jeung manéhna, kaluar ti toko buku. Enyaan wé manéhna ngajak nyimpang ka tempat dahar anu ngajual emih kocok.
“Can robah kabeuki téh!?” ceuk kuring.
Manéhna ukur mésem.
Kuring rarat rérét ningalian kana balanjaan manéhna. “Meuli buku naon tadi?”
“Teu meuli buku uing mah, meuli ieu wé cét minyak!”
“Euh, geuning jadi pelukis?”
Manéhna seuri ngaheuheu, “Lain, ieu mah pesenan incu!”
Resep ningali manéhna ngadahar emih kocok anu cikruh nyuruputna, atuh teu kaliwat seuhahna.
“Na geus boga sabaraha incu téh?”
“Geus gedé, geus di SMP. Lain, ari ieu budak téh nu bungsu?”
“Keur ayeuna mah nya cikal nya bungsu, da kakara hiji!”
“Geuning ku irit!?”
“Lain irit, da nyieun mah geus ti baréto mula, ngan jadina nya kakara ieu. Geu, kuring kawin téh méh dua puluh tilu taun, kosongna méh tujuh belasan taun, ayeuna ieu budak umurna tujuh taun jalan!”
“Mintul meureun!”
“Ah, duka teuing, sakieu gé Alhamdulillah geus dipercaya boga budak!”
Ari budak nu diomongkeun mah anteng wé ngahénggoy emih kocok.
“Geu, ari di dinya boga budak sabaraha?”
“Wah, budak mah loba, ngan anu bener mah ngan tilu, malah geus boga incu ti anu bungsu!”
“Geuning. Na aya budak nu teu bener!”
“Lain budak teu bener, maksud téh budak asuhan, nya sasieureun sabeunyeureun ngilu mantuan barudak jalanan sina sarakola!”
“Euhh, mulya kacida atuh!”
Rada lila paheneng-heneng. Kuring ngahénggoy emih kocok, sakali sakali mangnyusutkeun leungeun budak ku keretas tisu, da leungeunna baseuh, atuh manéhna gé tonggoy kana mangkok emih kocok.
“Lang, ari éta buuk téh disemir, asa angger baé siga kitu?!”
“Alhamdulillah, henteu, ieu mah asli atuh, teu wanoh kana ngaran semir buuk!”
“Éta wé asa angger kénéh siga baheula, da kuring gé apal téh éta pédah ningali modél buuk di dinya, moal poho da kungsi nenget nenget ti palebah tukang!”
“Ari uing mah enyaan kalinglap, Geu, ka di dinya téh. Mun seug di dinya teu nanya ti heula, kuring mah moal apal, da éta geuning awak téh asa beuki mébér!”
Manéhna ngaheuheu seuri.
“Sakieu mah awak téh geus rada ngorotan da opat taun kaliwat mah leuwih beurat, awak leuwih mébér. Awéwé mah kakolotnakeun téh beuki beunghar. Beunghar ku beurat awak!”
Ngobrol di warung emih kocok téh teu lila, da budak noélan baé ngajak balik. Sonona mah kacida jeung manéhna téh. Sanggeus silih béré nomer télépon jeung alamat serélék (serat éléktronik, émail téa), terus papisah. Manéhna ngadius kana taksi, ari kuring jeung budak mah kana angkot wé.
Peutingna mukaan émail. Ari muka émail ti peuting téh aya sababaraha maksud. Kahiji, ngoprék komputer teu kaganggu ku budak. Kadua, sugan wé atuh bakal leuwih cepet da ari peuting mah kapan ngaranna gé peuting euweuh deui batur nu maké. Katiluna, sugan wé mayar téléponna rada murah.
Serélék téh ngaburudul loba pisan, pangpangna mah ti milis urangsunda. Éta wé da bulan september 2003 mah nepi ka opat rébuna sabulan téh. Jeungna deui aya serélék ti panyeumpxxx@yahoo.com. Ké, ti saha nya? Sidik alamat anyar ieu mah, da teu boga babaturan alamatna siga kitu. Barang dibuka horéng ti Sigeu.
Ku kuring ngahaja di-print, dicitak sangkan tumaninah macana, komo mun bari lalangkarakan.
From : panyeumpxxx@yahoo.com
To : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Inget baheula.
Lang…, ilaing nyaho teu, nulis ieu émail téh uing bari bulucun. Tadi, kira-kira jam dalapan peuting, uing taranjang hareupeun eunteung satangtung. Buuk teu disisiran. Atuh beungeut gé teu dipolés ku wedak. Éstu sahinasna. Uing neuteup awak sorangan.
Lir keur maca kajujuran, unggal gurat dina awak mawa lacak tapak baheula, ti luhur tina unggal lambar buuk nepi ka tungtung kuku indung suku. Bruh bréh laku lampah ti jaman keur budak nepi ka ayeuna, lir pilem nu puter balik, aya nu gagancangan aya nu kacida launna, nepi ka témbrés kalakuan ti bubuk leutikna nepi ka nu pangbadagna. Kalan-kalan uing seuri, nyeungseurikeun kalakuan sorangan. Teuing seuri naon ngaranna, bisa jadi seuri maur.
Lebah beuteung naha jadi ngabendeléh kieu, ting berehil tapi lain sepir. Lebah pingping nu baheula luis téh ayeuna mah geus ledis, geus euweuh tapakna, nu aya nampuyakna daging nu teu puguh ujud.
Naha uing boga hak ngarasa éra pédah awak siga kieu? Naha uing kudu ngéwa ka awak sorangan pédah ramijud? Dina wujud idéntitas naon atuh ari uing?
Loba sora nu ngomong ti ditu ti dieu, pajar uing begang, pajar uing gendut. Naha nu ditempo téh bet wujudna wungkul? Naha pédah urang téh keur dikepung ku deudeuleuan dina télévisi, koran, majalah, gambar sisi jalan, dina tas, dina dompét nu ngan ukur némbongkeun awak, beungeut? Naha ngan éta anu pangsohéhna keur hiji idéntitas? Jeung deui naha pédah uing awéwé, kalan-kalan aya nu ngan ukur ngadeukeutan pédah uing awéwé, ngan ukur dijieun objék?
Meunang pan lamun uing ngabandingkeun awak jeung mangsa baheula keur meujeuhna ngora (lain, lain uing hayang ngora saumur-umur), keur jaman loba nu ngudag-ngudag boh jajaka boh duda, malah aya nu pangkatna jéndral sagala? Uing wenang milih, nu jago karaté awakna lempay ngalampanyat, atlétis, ngeusi, nu pendék béké tapi mobilna weuteuh sadua-dua, nu kakara lulus kuliah, nu boga hotél, nu boga villa di Puncak.
Teuing ku naon maranéhna ngudag-ngudag, da uing mah tara tatanya, da sigana lamun bareng indit jeung uing, maranéhna siga nu kacida bagjana, siga nu ngagandéng widadari meureun, saha nu teu nyaho ka si Non sakota kabupatén mah, si Non nu harita boga Mercy, awéwé geulis, ngora kénéh, suksés usaha.
Ningali awak dina eunteung, naha nya maké jorojoy hayang dipoto, dipoto keur bulucun. Hayang ngabandingkeun jeung awak jaman keur ngora. Hanjakal, teu boga poto jaman keur budak bari bulucun, aya gé poto keur umur tilu taun teu maké baju, asana mah karék anggeus mandi dipoto ku Bapa almarhum, éta gé bari gégéréwékan da embung mandi, dipaksa ku Mamah, ari ku Bapa kalah hayoh dioconan. Kitu dongéng Mamah, da ari uing mah tong boro inget, ningali potona gé teu béda wé jeung ningali poto séjénna jaman keur leutik.
Ieu kulit beuteung, nu kungsi luis, nu kungsi jadi paneuteup lalaki, waktu uing ngojay di Hotél tilu puluh taun kaliwat, kulit beuteung nu ieu nu kungsi mendeyang reuneuh, kulit beuteung nu ieu nu kungsi… salingkuh.
Lang, ilaing nyaho teu, waktu uing nélépon ka ilaing, supaya ilaing datang ka Hotél, basa urang rék papisah téa, naon pangna uing ngajak papanggih di Hotél, di kamar dua genep? Enya, inget kénéh da ngahaja néangan kamar nomer dua genep téh ambéh sarua jeung umur uing harita. Lanté 2 kamar nomer 6.
Ilaing keketrok kana panto, terus uluk salam, “Assalamualaikum!” Uing harita hareugeueuen, naha kudu dijawab atawa ngan ukur mukakeun panto. Uing nyaho lamun aya salam wajib dijawab, ngan asana geus lila tara ngucapkeun salam siga kitu. Harita uing ukur mukakeun panto.
Terus ilaing culang-cileung néangan korsi keur diuk, nu terusna mah ilaing diuk dina kasur. Enya, kamar hotél téh leutik. Aya éta gé korsi mah tapi harita dieusian ku tas uing, jeung sababaraha buku, buku buku carita silat Cina.
Malah harita gé uing keur ngeukeuweuk buku nu judulna Telaga Darah. Geuning ilaing nyéréngéh bari ngomong, “Kahadé buku éta mah eusina  porno.”
Uing teu némbalan harita téh. Da enya buku téh porno pas keur dibaca téh anu kituna pisan. Puguh wé rada éra, terus buku téh dialungkeun. Asana, uing terus nyicikeun cai hérang kana gelas, disodorkeun ka ilaing.
Lila ngobrol téh, méh nepi ka jam dua welas peuting. Ilaing terus amitan. Sabenerna mah ku uing téh rék diajak mondok, rék diajak saré sagebrug.
Teuing ku naon, uing gé da teu nyaho, ujug-ujug jorojoy wé aya niat kitu. Teuing pédah uing geus lila rarandaan. Dina haté uing téh rék méré kenangan ka ilaing atawa… teuing, ah, uing gé teu ngarti.
Tapi niat kitu téh teu werat diomongkeun, da ilaing hayoh wé ngajak ngobrol soal sajak jeung carita pondok nu kungsi ku uing dibacakeun waktu siaran. Ari rék maké tingkah provokatif, haté téh asa teu méréan, malah dina haté ngagerentes yén ilaing téh lalaki nu teu surti kana kahayang awéwé.
Sanggeus ilaing mulang, uing cunggelik sorangan. Maca buku jadi teu napsu. Harita uing ceurik. Henteu ari ceurik gagauran mah, ukur rambay cimata. Ceurik pédah naon, uing gé teu nyaho, ngan dina haté asa aya nu ngagerihan.
Serélék ti Sigeu mani ngagebay. Ka béh handapna eusina loba ngadadarkeun pangalaman dirina. Dina panungtungan serélékna manéhna nulis:
Uing téh ayeuna geus loba incu. Ti nu bungsu kakara borojol minggu kamari, awéwé, lucu geulis. Orok beureum kénéh, roroésan jeung ceurik. Uing gé tangtu kungsi kitu, kungsi jadi orok beureum.
Lang, sabebenerna mah anak jeung incu téh kabéh gé anak téré, jeung incu téré, da uing mah teu kungsi boga budak. Kabéh gé anak Si Jéndral almarhum, ngan pédah ku uing budakna kabéh diurus, lantaran indungna  meunang musibat waktu ngalahirkeun anu bungsu.
Geus, ah, uing geus tunduh, rék saré heula. Sono euy hayang ngobrol deui siga baheula.
Ka subuhnakeun kuring nulis émail jawaban keur Sigeu :
To : panyeumpxxx@yahoo.com
From : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Re:Inget baheula.
Geu, geus dikonci pantona?
Alusna mah saméméh bulucun téh dikonci heula pantona, bisi ujug ujug aya ucing jalu asup. Kapan matak barabé akibatna. Ucing jalu téa sok kumahkar. Aéh, nu kumahkar mah hayam rék ngéndog nya. Ucing jalu mah bisi ngarontok, nyakar. Kapan aya sayang beurit lin?!.
(heureuy ah…)
Mun teu salah aya nu kungsi nulis majarkeun “awak téh panjara”. Teuing panjara naon. Aya deuih nu nyebutkeun yén awak téh mesin hasrat jeung aya deuih nu nyebut diri……baé lah uing mah moal pipilueun, ah, kana palebah awak mah. Uing gé ayeuna kieu buktina, teuing boga awak téh naha goréng naha alus, nu leuwih penting mah asal séhat, kapan ceuk paribasa gé banda tatalang raga, raga tatalang nyawa.
Geu, nyaho teu (nurutan di dinya), saméméh nulis ieu serélék téh uing ngambah heula dina internét, néangan gambar awéwé nu umurna lima puluh genep taun bari.…bulucun…! Na ari burudul téh geuning loba pisan nya. Malah aya nu umurna geus dalapan puluh taun sagala. Ambuing éta sayang beurit dina kélékna…geus huisan!
Kabina-bina nya, bet aya nu daék némbongkeun awak bari bulucun dina umur anu sakitu geus cueutna. Enyaan dina internét mah sagala gé aya, abong kéna disebut dunya maya, dunya virtual, dunya kabébasan. Anu alus saalus-alusna aya, nu goréng sagoréng-goréngna gé aya.
(Hampura, Geu, nya uing geus nyipta-nyipta awak di dinya. Ah, teu jauh ti modél nu ieu lah hé hé. Aya huisan. Uing nelek-nelek gambar hiji awéwé nu geus kolot tur keur bulucun!!)
Saméméh poé kamari, uing sakapeung sok ngawawaas jaman baheula. Nu kaimpleng téh, hih, angger wé di dinya téh awéwé geulis, ngora, lincah jeung pinter. Implengan téh kakara robah poé kamari saprak panggih téa. Enya, asa ngagebeg geuning. Geus kolot nya umur téh. Urang teu panggih téh aya kana tilu puluh taunna. Lain waktu nu sakeudeung tah. Urang geus jadi aki-aki jeung nini-nini. (Geu, ari incu nyebutna naon? Nini, Ené, Éyang atawa Oma? Ah, ma enya nyebut Oma, kapan Oma mah tina basa Walanda lin?)
Uing mah bulucun téh lamun keur mandi wé. Éta gé tara nelek-nelek awak sorangan. Gebrus wé mandi, lantaran lamun ditelek-telek sok manggih nu matak kukurayeun (moal dijéntrékeun naon nu matak kukurayeun téh bisi disebut buntut Oa.)
Geus, ah, lila-lila mah bisi jadi cawokah. Sarua sono, Geu!
Si Belang téa.
Ti harita, pleng teu nampa deui serélék ti manéhna.
1972
Unggal malem Saptu, bari lalangkarakan di tempat indekos, bari ngareureuhkeun kacapé, sok mindeng ngadéngékeun radio. Sok ngahaja néangan sora penyiar awéwé. Nya manggih sora awéwé. Harita téh keur maca sajak. Sanggeus bérés macana terus ngagalantang nyaritakeun eusina éta sajak. Sajakna lolobana sajak rumaja nu idek liher dina dunya cinta.
Hiji waktu kuring ngawanikeun manéh nélépon ka penyiarna, nyaritakeun sajak nu kungsi dibacakeun ku manéhna. Nélépon téh lain waktu manéhna keur ngajomantara. Nélépon kitu wé. Atuh sakalian kuring ngawanohkeun diri bari nyebutkeun hayang panggih, hayang kenalan.
Nya ti harita kuring wawawuhan jeung manéhna. Kuring nanya, saha ngaranna nu sabenerna. Manéhna téh teu ngajawab kalawan sacéréwéléna. Atuh kuring gé teu méré ngaran nu sabenerna. Lantaran mimiti panggih téh kuring maké kaos belang, manéhna ngalandi kuring Si Belang. Teuing meureun asa kurang merenah tungtungna, lamun ngageroan téh sok nyebut Silang. Atuh kuring ngalandi manéhna Si Geulis, nu sok terus disebut Sigeu.
Geulis, enya da geulis atuh manéhna téh. Geura wé awak jangkung, ukur béda tilu sénti ti kuring gé. Ngeusi, begang henteu, montok henteu. Donto meureun babasaanana mah. Ari beuebeungeutan rada siga béntang pilem, saha nya poho deui ngaranna. Ngan ieu mah beungeut Sunda. Geulis Sunda.
Mun aya nu nyebut Silang ka kuring pasti manéhna. Kitu deui lamun aya nu nyebut Sigeu ka manéhna bisa dipastikeun kuring.
Dina ngabasakeun téh sok teu puguh sakapeung kuring, uing, di dinya, ilaing kalan-kalan ana jeung énté. Sok sanajan umur kuring leuwih ngora, manéhna teu nganggap dirina leuwih kolot tur kudu dihormat. Umur kuring 23 taun, ari manéhna geus nincak 26 taun.
Lila wawawuhan téh, sataun leuwih.
Papisah sotéh pédah kuring kudu miang ka luar Jawa, pindah dines. Nya peuting harita kuring nepungan manéhna di kamar 26 di hiji hotél téh. Keur kenang-kenangan, manéhna méré pulpén. Ceuk manéhna, “Mun nulis surat keur uing kudu maké pulpen ieu. Ieu pulpén mangsina boga ciri husus, béda ti nu séjénna. Nu nyaho cirina ngan uing. Mun teu maké pulpen ieu mah uing moal ngabales.”
Kangaranan pulpén, kakara gé sababaraha poé geus leungit. Teuing ka mana. Atuh kuring nulis surat ka manéhna maké pulpén séjén. Enyaan lebeng euweuh balesan.
2004
Kuring narima deui serélék ti manéhna. Eusina teu panjang: “Lang, uing rék jarah, rék munggah haji, du’akeun nya. Hampura bisi aya dosa, boh nu karasa boh nu teu karasa. Ari énté geus ka haji? Mun encan mah sok wé kukumpul keur ongksona ti ayeuna. Aéh, uing gé ongkosna lain meunang kukumpul, tapi paméré ti anak téré nu panggedéna.”
Kuring maca serélékna téh sababaraha balikan. Dina haté ngucap sukur jeung ngadu’akeun sangkan inyana salamet, jeung jadi hajjah anu mabrurroh.
Teuing, tah, lamun geus balik ti Mekah, naha maké tiung wungkul atawa ganti jadi maké jilbab, atawa naha bakal eureun buukna maké semir.
Serélék ti manéhna ku kuring teu dibales. Angkanan téh engké wé satutas manéhna munggah haji rék manggihan, rék didatangan, bari jeung rék aya nu ditanyakeun sabab dina serélékna nyebutkeun kungsi ngandeg, tapi dina serélék éta kénéh nyebutkeun teu boga budak.***

Ririwa Asmara

by in 0

Hade jigana lamum pangalaman ieu dijadikeun bahan carpon. Sugan bae kapake ku redaktur, terus dimuat. Tah ku kaaosna carios sim kuring engke mugia pamiarsa pulih kasadaran, waspada, leuwih ti kitu taki-taki kana sagala kamungkinan timbulna masalah. Tina naon? Tina alatan reana tetempoan nu dibengbrengkeun telepisi, pangpangna tetempoan ieu— hiji tetempoan nu geus ngabalukarkeun timbulna masalah dina rumah tangga kuring. Aeh, naha geuning-naha geuning, naha bet katetelasan ngumbar obsesi? Hanteu ketah. Hanteu perlu kuring ngagantelkeun obsesi kitu kana tulisan. Hapunten! Ieu mah sakadar tulisan. Carita. Dongeng. Aos mah aos bae. Mung, teu kedah diemutanlah. Anu penting diemutan ku urang mah di antawisna; iraha korupsi bade liren, iraha hog-hag parebut jatah teu kapireng deui, iraha urang sadaya tengtrem-rengrem teu seueur kasieun, karisi, sareng kahariwang boh alatan musibah ti Pangeran atanapi musibah ti sasama. Ti sim kuring minangka juru catur, anggap bae ieu mah landong nyeri waos, kanu nuju humaregung ngusapan baham bareuh. Atanapi anggap bae rencang ngawangkong ka nu nuju kasepian. Atuh kanu nuju handeueul pedah BBM naek, sing enggal behbar. Anu nuju emosi alatan kasus Ambalat, kenoran heula emosina. Kanggo Bapak-bapak anggota dewan di Betakow, nyanggakeun ieu carios, kahade, ah, teu kenging seueur ocon.
Duka kumaha, kuring sok jol-jol ngarasa teu genah hate, kaganggu pikir lamun geus ngabandungan pamajikan jeung anak, nu keur nanjak parawan, pogot nonton acara Sang Lelaki dina tipi. Asa aya ririwa kokolebatan. Ririwa nu ngabalukarkeun kuring saharita dirurub kasieun. Tapi anyar-anyar mah—ku kasadaran yen naon nu jadi pikir kuring harita (mangsa ngabandungan pamajikan jeung anak) ngan saukur kacurigaan jeung katimburubutaan kuring—naon nu jadi ririwa eta teu haben dipikasalempang. Ngan orokaya, lila ku lila mah kasadaran kuring lebur. Antukna nu timbul gerah hate, bayeungyang pikir.
“Kasebelan!” geremet kuring peuting harita, mangsa di luareun kamar gawe kareungeu presenter Sang Lelaki muka acara. Kabayang pamajikan jeung anak giak, museurkeun pikir jeung konsentrasi kana sagala rupa pamandangan nu rabul nembongan. Kabayang saratus wanoja, harade wanda jeung rupa, ting jarerit, ting kaleprok basa sapuluh urang lalaki pilihan dipanggil asup ka panggung.
“Haramjadol!”
Konsentrasi bubar. Kuring ngahuleng hareupeun monitor. Sababaraha menit. Reup komputer pareum. Monitor ngagebleg hideung. Kurunyung ti beulah katuhu tulisan beureum mucunghul: SEKALI BERARTI SETELAH ITU MATI! Heab hawa panas ngagedurkeun deui sumanget nulis. Tugas kuring nu penting ayeuna lain mikiran masalah tadi, tapi nulis. Enya, nuliskeun masalah tadi jadi hiji carita. Gap moust dicagap. Terus diusik-usikeun. Bray layar hurung deui, nembongkeun lay out kertas nu geus kaeusian tilu parapat ketikan.
Leng kuring ngahuleng basa parat anggeus maca deui carita nu tadi dijieun. Panyakit nulis datang. Magol lamun kosnsentrasi kapegat. Sagala rupa bahan carita nu geus ngagolontor ngadadak racleng. Antukna cos deui pikiran antel kana masalah tadi.
Heueuh, abong zaman ngulik. Jalma teh jadi krareatif. Sagala rupa diulik.Nyieun itu nyieun ieu. Geus jadi breh dipintonkeun ka balarea; kuis, sinetron, reality show, jeung rupa-rupa kaunikan pasesedek jeung iklan. Ana dipikir, geuning dunya teh bet kawadahan ku barang sagede kardus. Euh, Gusti! Jeung eta deui make aya acara model kitu. Naon maksudna? Hiburan? Heueuh ari hiburana mah. Ngan, eta nu nyieuna teu mikir kitu nepi ka lebah dieu? Yen, naon nu dijieun ku manehna teh baris ngabalukarkeun timbulna masalah pikeun nu nempo, samodel kuring ayeuna. Piraku hanteu? Tapi…? Mereun heueuh, maranehna moal narima disalahkeun. Paling-paling malik nyegag: Naha? Sampean we pangna kitu oge nu boga pikiran goreng, teu beres, kacau! Nu matak sing sehat boga otak teh! Ulah sok dirobeda ku pikiran goreng! Bari komo neumbleuhkeun kasalahan ka leungeun batur. Kuring mah pilakadar nyieun media keur ngahibur batur. Tuh tingali buktina! Na, ari ditempo teh bet geuning bener. Eta bae tingal di studio. Puluhan wanoja; parawan, jeung (mereun) randa—da piraku nu boga salaki mah—meuni reuteum pikeun meunteun saurang lalaki nu paling super. Lalaki nu sagala rupana masagi, tagog jeung pangabisana. Tah, lalaki model kitu nu ahirna baris nyongcolak dina lolongkrang pikir jeung kongkolak panon para wanoja tadi. Di studio pon kitu di luar studio. Kaasup dina pikir jeung mata pamajikan sarta anak kuring. Mupus-nyingkahkeun gambaran lalaki sejen, atawa lalaki anu salila ieu geus maturan hirupna. Gebeg hate kuring ngagebeg. Gusti! Leng ngahuleng. Teu lila korejat kasadaran malikeun alam pikir kana perkara nu titadi keur disanghareupan. SEKALI BERARTI SETELAH ITU MATI! Moust kukuring diusikkeun. Layar muka terektek kuring ngetik.
Hiji mangsa salah sahiji di antara maranehna baris ngajanggelek jadi hiji ririwa. Ngan hanjakala lain ririwa Dasamuka tapi ririwa Arjuna. Ngaran-ngaran Arjuna, sok sanajan wujudna ririwa moal hanteu pada muja, pada micinta para wanoja kaasup pamajikan jeung anak kuring. Naon buktina? Nepi ka wates ieu kuring ngahuleng deui. Memang, lamun disedekkeun kana pananya eta mah kuring kaboler alesan. Euweuh. Euweuh alesan nu kuat pikeun ngadakwa yen pamajikan geus kareundeupan ririwa eta. Kulantaran kitu kuring teu bisa majar kumaha. Kuring teu bisa nyarek komo ngaharamkeun pamajikan nongton acara eta mah.
Tepi kalebah dinya reg deui kuring eureun mencetan huruf. Renghap narik napas panjang. Asa seuseut angin nu disedot teh. Untung rokok jeung kopi masih weuteuh. Suruput kopi diuyup. Kopi Medan pamere babaturan mangsa kuring masih kuliah baheula. Hawa haneut nyaliara dina tikoro. Nyot rokok disunut. Haseup ngelun, ngageol kawas birit biduan nu keur joged luhur panggung, ngimbangan pamikir kuring nu ras inget ka eta nu mere kopi. Nyeh seuri sorangan. Emh, si jeket biru. Jadol, finishing goreng. Kacerek batur ahirna. Da eta tuda biwir jeung letah sok ngadadak peluh ari mangsana tugas teh. Jadi we…! Ah, keun we da geus seubeuh bareng, ubrang-abreng ulin kaditu-kadieu. Nu penting mah persahabatana langgeng nepi kaayeuna. Silih kirim tulisan, boh artikel, essei, atawa sajak. Babakuna kopi nu pasti hadir unggal manehna tas mulang kampung ka Medan. Ah, biru…, jigana moal kasampeur deui peuting-peuting duaan dipanggungan galindengna Norah Jones!
Duka teuing geus sabaraha lila, teuing geus sabaraha urang lalaki super macho nu geus kapilih jadi favourit maranehna kaasup pamajikan kuring. Nu jelas, hiji, dua, atawa tilu urang di antara nu kapilih eta teu bisa ditolak geus jadi ririwa nu salilana ngongkolak dina heherang panon pamajikan kuring.
“Kadal siah!”
Kabayang panon pamajikan nu teu ngiceup basa nempo eta ririwa tandang. Katempo urat pipina nu ngadadak hirup basa nempo rupa jeung dedeg eta ririwa. Amarah lir seuni nu ngahuru jarami gering na jero dada. “Kurang ajar!” Ras inget kana pangalaman nu geus karandapan dina salila waktu katukang. Paingan. Paingan pamajikan ngadadak beda lamun ngalayanan kahayang kuring. Aya gairah nu lain ti sasari, nu ngahuru napsuna lamun tea mah pareng keur gawe saranjang jeung kuring. Beda jeung nu enggeus-enggeus! Heueuh meureun kitu. Eta, da nu aya dina jero pikir manehna lain kuring tapi lalaki lain nu salila eta ngaririwaan pikiranna. Lalaki pilihan. Lalaki super macho. Lalaki unggulan para wanoja kabeh. “Bangsat!”
Amarah beuki nguntab. Kuring ngahegak. Memang kuring meunang kasugemaan waktu harita. Tapi naon hartina kasugemaan eta dibandingkeun jeung penghianatan. Nincak hulu! Teu bisa! Euweuh, euweuh hampuraeun pikeun kuring. Teu ngeunah. Saha nu daek dipalsuan. Jiga nu enya diri berkuasa dan berdaya mangsa harita. Tapi buktina, di hareupeun mata pamajikan nu berkuasa dan berdaya teh lalaki sejen. Najis! Fuck!
Peletak! Teu karasa roko nu tadi dikenyot geus ngalentab pelat pabrikna. Kuring ngagurubug. Ngusap biwir nu karasa panas kapetelan ruhak lantaran kuring ngenyot rokok tarik pisan awahing kaberung napsu. “Jadol!” kuring ngeseken kuntung kana asbak, bari ngabayangkeun nu digesekeun teh hulu si ririwa. “Rasain! Mampus luh!” Regot nguyup kopi. Dada karasa muka.
“Pemirsa di studio, sekarang giliran anda untuk menentukan siapa tiga lelaki yang berhak lolos untuk ikut dalam babak selanjutnya!” bentes sora presenter
Luk saratus wanoja tarungkul, ngumbar leungeun nu pakupek ngetik ngaran lalaki nu jadi idola atawa pilihana dina hp masing-masing. Teu kungsi samenit saratus sms geus racleng, asup kana layar komputer nu aya hareupeun algojo—sapuluh wanoja gareulis, para model kondang, nu garumpay kawas lauk emas.
“Oke, sekarang tiba saatnya kita menyaksikan siapa yang terpilih menjadi sang lelaki kali ini!” jempe sakeudeung. “My angle’s!” gorowokna, nitah para algojo kaluar. Sora musik kadenge marengan ting langgeorna para model nu sakeudeung deui baris jadi algojo pikeun lalaki sial peuting harita. Sora keprok kereungeu. Dua menit beak. Sora tinggujubar kadenge dibarung ku jerit histeris para wanoja nu handeueul lalaki pilihanna cundang.
“Rena!” batin kuring. Kabayang jago nu dipilih ku pamajikan tikerelep dikusrukeun ka jero cai. Kerelep teu tembong. Pucunghul, muncul ka luhur bari sirah rancucut kawas cucurut kabancuh hujan. “Puas!” batin kuring surak. “Kurang kumaha kuring? Kurang naon kuring?”
Tapi dalah dikumaha. Gagal milih nu eta masih keneh aya nu ieu. Lalaki-lalaki sejen nu leuwih berbobot. Teng, pamajikan kuring anteng musatkeun deui konsentrasi pikeun milih lalaki sejen nu baris jadi ceungceuman batin. Kuring ngahuleng basa lalaki nu jadi pilihan pamajikan unggul. “Bangsat!” kuniang amarah nguntab deui. Komo basa nempo pamajikan ngengklak bakat ku suka. Kabayang si kasebelan leumpang dangah, ngaliwat ka hareupeun irung kuring. Seuri sinis bari ngarindatkeun juru mata. Ngaleos bari ngaleng pamajikan. Saterusna, kawas dina India, maranehna silih cacapkeun kasuka. Pakaleng-kaleng. Diuk gegenjangan dina luhur korsi empuk. Kuring boro-boro ditolih. Ibarat panganten anyar atawa sapasang kekasih nu teu patepung maranehna ting kedekes numplakeun kasono. “Satu hari tak bertemu, hati rasa syahdu. Bila kamu di sisiku, hati rasa syahdu. Kuyakin ini semua, perasaan cinta…” Beu, jeung eta lagu deui make nambah mapanas.
“Setan!”
“Ku naon Kang?” tanya panajikan kerung. Matana mencrong kuring nu geus meh parat muka kancing kameja. Kuring reuwas oge. “Teu, teu aya nanaon.” Jawab kuring gugup. “Ieu kancing make ngait sagala. Atuh ngunyed.” Sambung kuring ngadalih.
“Numawi santey geura, Kang. Da moal kusaha atuh.” Walon pamajikan bari ngagelenyu imut. Dibere imut harita kuring boro-boro sadar. Nu jelas hate kalah beuki ngaheab.
“Akang mah kawas nembean bae nanaon teh.” Ceuk pamajikan bari terus ngalangkarak, nalenkeun sirah kana dua dampal leungeun. Suku ngengkang bari tuur rada ditekuk ka luhur. Seblak hate nyeblak. Geus tinggal gepruk lamun hayam diadu mah. Ngan, harita aya popongkol nu gancang nunjel dada. Naha bener nu ditangtang ku pamajikan teh kuring? Atawa si kasebelan nu tadi kapilih jadi lalaki super macho? Serr, getih asa dikompa kana embun-embun basa pikir yakin yen nu ditangtang ku pamajikan harita si ririwa.
Sajongjongan kuring ngahuleng. Lamun kitu carana kudu adil. Dada panas. Pon kitu pengpelangan. Setan bungah meureun nempo kaayaan kitu. Teu lila kurunyung datang nuyun lima urang wanoja. Gebeg rada reuwas oge kuring nempo Lena, Siska, Ratih, Linda, jeung Jaenar geus ajeg hareupeun dina dangdanan siap tempur habis-habisan. Mangga pilih bade nu mana. Kadenge sora setan ngaharewos. Nyeh kuring seuri. Lakadalah geuning ahirna kuring bisa nyacapkeun kasono jeung maranehna nu salila ieu sok rabul ngaleketek mata jeung hate kuring. Heug siah!
“Der-lah!” kuring ngalacat unggah ka luhur ranjang, nemonan hajat pamajikan.
“Pek we rek si Gody, Tomi, Pablo, atawa si Hawi oge. Pek, pek teh teuing da kuring oge boga. Boga deuleu. Yap, kadieu Siska!”
Peuting terus ngarayap. Simpe anteng ngeueum kuring nu ti hothat meruhkeun tanaga Siska. Pamajikan kuring meureundeuy ngarasakeun kanikmatan tina tanaga nu di kaluarkeun Godi. Ranjang ngageret, ngahudangkeun deui sapasang cakcak nu tadi ngarayap, ting sulusup nyamuni. Teuing. Teuing saha nu katempo ku maranehna. Teuing kuring jeung pamajikan kuring, teuing pamajikan jeung Gody, teuing kuring jeung Siska.
“Tos beres damel teh Kang?” pamajikan nanya bari ngelol tina sela panto. Kuring ngarenjag. Malik nempo kalebah manehna.
“Acan, saparapat halaman deui meureun.”
“Tos wengi, Kang!” sora pamajikan ngageter.
“Enya!”
“Pan ayeuna wengi Jumaah. Sunah!”
Kuring ngahuleng. Ngalieuk deui ka lebah manehna. Katempo mata pamajikan ceuleuyeu. Ngajak! Imut manis pisan. Ngiceup ngajak kuring ka luar. Kuring ngarenghap. Kuring moal eleh! Jung cengkat sanggeus mareuman komputer.

Goool

by in 0

HARORÉAM ari kabagéan kelas beurang bari pelajaran pamungkas téh, sok tunduh. Bubuhan mun di imah mah jam sakieu téh keur istirahat. Tong boro kuring, dalah murid gé katémbongna bangun nu geus carapéeun. Aya sababaraha murid nu katénjo kalah ka heuay waé bangun nu tunduh, jadi teu pati dariangajartéh. Mun bisa nawar mah wayah kieu téh mending ngampar samak. Tuluy gogoléran ber­ja­maah jeung murid di kelas, bari lalajo tim sépak bola Maung Bandung tanding jeung tim sépak bola séjénna. Astagfirulloh nga­don ngalantur.
“Bu, uih nya, sakedap deui maén!” cék Kurniawan nu diuk di bangku pangtukangna.
“Muhun, Bu!” nu lianna mairan.
“Éhh… teu tiasa, lalajo mah tiasa iraha deui, sok kerjakeun heula tugasna!”
“Atuh Bu, ku Pa Ridwan mah sok diuihkeun!” Kurniawan keukeuh.
“Nu goréng mah tong diturutan, barina gé penting mana lalajo maén bal jeung diajar?”
Barudak jempling.
“Aya nu teu ngartos Kurniawan, éta deuih nu séjénna?” kuring ngahaja malik nanya keur mindahkeun jejer caritaan.
“Nomer tilu Bu, maksadna naon?” Agus nu sabangku jeung Kurniawan ngacung.
“Aya nu nyaho maksudna?” ngahaja malikkeun deui patalék­an ka barudak téh, sangkan araktif di kelas.
Siti nu diuk panghareupna ngacung.
“Sok Siti!”
Mani capétang ngajéntrékeun maksud soal nomor tilu, abong murid pangpinterna.
“Nya leres, saé Siti!”
“Kumaha Agus, ngartos?”
“Ngartos Bu!” témbal Agus bari unggeuk.
“Sok kerjakeun deui, mun aya nu teu ngartos taroskeun deui!”
Saha jalmana nu embung lalajo tim karesepna maén, kaasup kuring. Haté mah bati kumejot hayang lalajo béntang lapang idola kuring ngasupkeun bal.
“Bu, wios ngerjakeun tugasna bari ngupingkeun radio?” Nurdin nanya.
“Muhun Bu, béh sumanget!” Kurniawan mairan.
Kuring ngahuleng sakedapan, bet ras inget ka jaman SMA, ari boga kahayang teu dicumponan ku guru téh sok jadi ngéwa, ka dituna sok horéam ngiluan pelajaranna, nu antukna bolos.
“Sok asal ulah ribut, jeung tugasna dikerjakeun sing bener!”
“Asyik, thank you Bu guruku yang cantik!” Murid meni sarurak bangun nu barungah. Kabeneran atuh da murid jeung guru téh karesepna sarua pisan, lalajo maén bal. Ngan murid mah teu arapaleun, yén kuring téh sabenerna mah bobotoh Maung Ban­dung. Dina apaleunna kuriak asa dipangmeunang­keun. Ka­tangén sababaraha murid ngaluarkeun hapé, narapel­keun hédsét kana ceuli. Abong geus canggih jaman ayeuna mah, ngadéngé­keun radio gé bisa dipésakan. Guru gé éléh ku gaya murid jaman ayeu­na mah, kawantu ampir kabéh baroga hapé.
Jep kelas ngadadak jempling. Duka jempling ngerjakeun soal duka keur ngadaréngékeun pertandingan sépak bola. Kuring nyam­peurkeun murid nu maraké hédsét, bisi ngadon ngadéngé­keun wungkul ari tugasna teu dikerjakeun. Rét kana jam nu meulit na pigeulang, kana balik sajaman deui leuwih. Mun diitung-itung pas tepi ka imah pertandingan réngsé, moal kabagéan lalajo. Moal bisa neuteup geugeut manéhna.
“Goool….!!!” keur jempling barudak sarurak
“Bu, gol Bu, ku Arifin!” haté ngilu bungangang bari asa nyé­rédét ngaran éta pamaén disebut.
“Ssssst… muhun, muhun, atos sok kerjakeun deui tugasna, mun ribut waé ku ibu dicandakan geura hapéna!”
Arifin ngasupkeun deui, hébat anjeun téh. Lain ngan saukur jadi béntang lapang tapi bentang haté kuring. Asa aya nu ngadorong, awak ujug-ujug leumpang nyampeurkeun kantor TU. Kasampak kabéh pagawé TU jeung sababaraha guru keur lalajo babaréngan, bari sarua deuih ngadon sarurak. Bener ari geus dibéré pangaresep mah gedé kakuatanana. Teu budak teu kolot, teu di mana teu di mendi, balolotot di hareupeun tipi lalajo maén bal.
“Bu, nonton heula Maung Bandung, ramé geura, tos hiji-kosong?” cék Pa Ridwan, guru bahasa Inggris, kuduna mah keur ngajar jam sakieu téh.
“Mangga, ieu mung badé nyandak cai!” pok téh tambah éra padahal hayang ningali siaran ulang Arifin ngasupkeun bal. Katémbong Arifin mani parigél ngulinkeun bal najan lawan terus ngincer ti ….
“Bu, seneng deuih?” Pa Ridwan nanya bari nyampeurkeun ka lebah kuring.
“Lumayan, Pa!” témbal téh pondok bari gura-giru muru deui ka kelas, bisi barudak kalah garandéng jeung teu ngerjakeun tugas. Méméh asup kuring noong barudak tina kaca. Sababa­ra­ha murid diukna parindah ka nu baroga hédsét, mani pada me­tot bari raéng nyebut, hidup Arifin! Hidup Arifin! Aya nu nga­geter dina haté ngadéngé éta ngaran pada nyebut.
Barang kuring asup, kelas jempling barudak dariuk deui dina bangkuna séwang-séwangan.
š{›
“Masa depan Ari masih kénéh jauh, Ari mah pan ku Mamah jeung ku Papah rék di kuliahkeun!” Papah unggeuk ngayakin­keun omongan Mamah.
Kuring bati ngeluk tungkul diomongan kitu téh, bari haté norowéco. Arifin panyileukan urang téh ngan saukur patamor­gana.
“Ari, di kampus engké bakal loba lalaki nu leuwih kasép, berpendidikan, jeung beunghar batan Arifin, nu ngan saukur tukang kuli pabrik, rék di kamanakeun atuh harga diri kulawarga urang, mun boga minantu ka kuli pabrik!” aya nu nan­ceb, peurih karasana kana haté.
“Mamah yakin, Ari bakal kaduhung mun terus deukeut jeung éta lalaki” Mamah bangun nu teu capé nyeuneuan haté kuring sangkan ngajauhan Arif.
“Mah…”
“Masa depan Ari bakal cerah, mun Ari nurut kana kahayang Mamah jeung Papah!” biwir mani asa hésé rék ngabéla, ngadon kapiheulaan ku cimata. Naha atuh kuring bet dipanggihkeun jeung manéhna lamun rék dipisahkeun? Naha geuning harga diri bét leuwih luhur ajénna batan kakuatan cinta? Naha di dunya bet aya nu ngabédakeun antara nu beunghar jeung nu miskin, apan hareupeun Alloh mah kabéh gé sarua. Naha, Mah.
“Jung ayeuna mah geura siap-siap, pan isukan rék indit, tong mikiran deui éta lalaki, rugi!”
Haté kuring ancur burakrakan, sabab kudu ninggalkeun ieu lembur, nu loba ngaguratkeun carita kuring jeung Arif, carita cinta nu ngalémbéréh na palataran sukma.
Ari jungjunan hate Akang, poé Minggu Akang maénbal di lapang desa, lalajo nya geulis! Hapé ku kuring digalentoran, diceung­ceurik­an.
Euweuh gunana dijawab gé, ngadon nyodorkeun jurang nu ngalungkawing antara harepan jeung kanyataan. Akang, Ari moal bisa deui lalajo Akang maénbal, Ari bakal ninggalkeun ieu tempat, ninggalkeun sagala impian urang salila ieu, hampura Kang, hampura…
Najan karasa beurat suku mah laju ngaléngkah, naratas kahirupan najan matak nyarugak kana haté. Di ieu kota, kuring mimiti muka kahirupan anyar keur impian kulawarga sangkan jadi PNS. Bener pisan ceuk Mamah jeung Papah, yén di kampus loba lalaki ti sa-Indonesia, malah luar nagri nu leuwih beunghar, kasép, berpendidikan batan Arif. Tapi naha éta rébuan lalaki téh euweuh hiji gé nu bisa mupus gurat duriat kuring ka Arif. Najan ku kuring geus sababaraha kali dipohokeun, sakali kuring mohokeun sarébu kali kuring inget. Runtuyan carita mangsa lawas narémbongan unggal rénghap, lir pilem nu diputer dina kongkolak panon.
Tilu taun ti éta, kuring kakara apal ti babaturan salembur nu kuliah ka ieu kota, yén ti saprak kuring indit Arif kagegeringan, nepi ka sababaraha kali asup ka rumah sakit. Malah geus sababaraha kali, saban manéhna cageur neangan kuring ka ieu kota, bari teu apal alamatna. Da kulawarga kuring mah maenya teuing méré alamat kuring ka manéhna. Apan ngahaja kuring dikuliahkeun jauh téh, sangkan pegat jeung manéhna.
Euweuh gunana, Rif, urang panggih gé, ari duriat urang moal ngajangélék mah, kalah ka nguyahan deui karaheut nu teu cageur-cageur. Mending pajauh bari nyawang ngalémbéréh­na duriat urang ka lebah mana, susuganan eunteup di hiji panyi­leukan urang.
Geus lima taun urang teu panggih, tapi anjeun tetep hirup dina haté kuring, lir mustika ati nu nyaangan peténgna haté. Najan raga pajauh tapi haté tetep padeukeut, pada-pada cuma­rita katresna séwang-séwangan.
Ayeuna impian kulawarga kuring geus tinekanan. Kuring geus jadi PNS di hiji SMA di ieu kota, bari ngeureuyeuh kuliah S2. Impian anjeun gé nu hayang jadi béntang lapang geus tinekanan. Tangtuna éta téh ladang kapeurih jeung katulaténan anjeun salila ieu. Kuring remen ningali anjeun dina layar tipi, padah ngagorowokan, padah muji, pada…..
š{›
“Goool…!!!” koréjat asa kagareuwahkeun.
“Bu, Arifin ngalebetkeun deui!” haté bungangang, kontan kuring ngodok hapé dina pésak, tuluy mencétan tombol: Hatur nuhun, dua goalna! Geus nyieun éta kalimah langsung dikirimkeun ka nomor08522222xxxx, nomer manéhna baheula. Teu ngaharepkeun jawaban, sabab SMS-na gé pending.
Rét kana jam nu meulit na pigeulang, jam satengah lima soré. Sapuluh menit deui jam pelajaran rengsé, hartina pertandingan gé rengsé. Acara penting katinggalkeun, tapi teu pati hanjakal sabab mélaan acara nu leuwih penting. Ayana murid jadi bagian tina hirup kuring. Gandéngna, seurina, baongna jadi pangupa jiwa enggoning nyukcruk pait peurihna kahirupan.
Barudak mani raéng ari nyanghareupan waktu balik mah.
“Kempelkeun tugasna!” ningali murid geus maréréskeun bukuna.
“Bu aya nu teu acan kapendak waleranana?” Nurdin mukaan kénéh sababaraha buku sumber.
“Teu kedah kapendak sadayana, nu penting mah ngartos!” témbal téh bari nyokotan lembar jawaban nu dikumpulkeun ku murid.
“Bu, atosan maénbalna!” Kurniawan nyoplokkeun hédsét.
“Horééé… Maung Bandung meunang euy!!” barudak surak.
Kuring seuri, bari ngodok hapé nu karasa ngageter.
Klik, message dipencét.
Sami-sami Umi, dua goalna kado tepang taun kanggo istri Abah nu satia.***