Di Patamanan

by in 0

Di patamanan. Sakatukangeun Pondok Barokah. Lampu buleud tengah palataran, tihangna ajeg dirungkup-rungkup malati, katénjo reyem-reyem. Angin seungit ngahiliwir nebakan mangpirang biwir daun. Nebakan mangpirang pucuk lilin. Kiceupna tingkalices, ari pucukna teu kendat nunjuk béntang nu tingkaretip. Lilin sawaréh rapang lebah émpang, lumaku luhureun gabus, lir layar-layar cahaya.
“Taya deui jalan, Sinta!” Rasta neureuy ciduh. Lungsé. Ngarasakeun awak balas dibeberik intél tadi soré. Bangun ngawawaas pélor rabeng pasulibreng mangsa patingberetek nembus gang kaluar gang. Sabada tempat ngariung kagerebeg, sabada bubar katawuran.
Sinta ngicip-ngicip biwir gelas. Leumpang ngadeukeutan sisi émpang. Nyawang baranang nu tingarangkleung. Nyeuseup tungtung kurudungna. Lilin aroyag.
“Harita urang kudu pada-pada ngorbankeun haté,” cék Sinta tungkul ngarasakeun nu milu oyag lebah dadana.
“Keur ngudag kabagjaan séwang-séwang, naon salahna? Kapan cék Sinta gé sagala rupana geus aya nu ngatur. Aya nu nangtukeun. Kari ngarayap nuturkeun kereteg angen, asal ulah mungpang tina ugeran. Naha kudu ringrang? Sinta teu kudu salempang mun enya kayakinan sorangan. Sedeng kuring sawajarna melang, da hirup ditangtukeun ku léngkah sorangan.” lebah tungtung kalimah Rasta ngusap beungeut hayang mupus kalangkang getih nu ngucur tina dada Marli, sobatna nu ngudupruk digusur kana mobil kijang, handapeun layung wungu.
Rasta ngaduruk congo roko kana pucuk lilin luhur méja. Lilin beureum gambar naga, nu huluna kakeclakan, lééh. Ngalembéréh. Sawaréh geus narétés kana buku sajak pulas hideung nu ngagolér taya nu maliré.
“Keur naon atuh hirup téh, Ras?” Sinta nyawang awang-awang.
“Keur hirup!” témbal Rasta tandes. Nguniang, meungkeut buukna nu gimbal. Sarérétan manéhna nénjo nu ngariung di téras loténg pondokan nu séjén, anu nampeu ka patamanan, halihitaran, tina tangga norojol nu angkaribung babawaan, sakiceup tinggareblus paheula-heula asup ka kamar, panto dijablogkeun.
“Ari cinta?” Sinta ngedalkeun kecap sanggeus ngawahan sawatara lila.
“Keur cinta.”
Sinta masrahkeun gelas nu kari setengahna, mangsa ti loténg ngabelesur lagu Selamat Ulang Tahun. Duaan pahareup-hareup. Pada-pada tanggah. Milang béntang. Milang kembang mangsa lawas. Milang raheut mangsa datang. Duanana saéstuna hayang léah silih igelan. Nu hiji bulan. Nu hiji samagaha. Nu hiji hujan. Nu hiji katiga. Ketak horéng teu sawirahma. Reundeuk jeung igel papalingpang. Pengkuh na pamadegan séwang-séwang.
“Getih geus ngamalir…,” haréwos Ratsa nunjuk salah sahiji béntang.
“Getih? Getih Marli? Getih Asep? Getih Tisna? Getih saha deui???!” Sinta ngégél biwir sorangan.
“Anak-anak nagri.”
“Buruh jeung patani?”
“Saréréa keur naratas néang muara.”
“Surga?”
“Nagrina nagri.”
“Sungapanana?”
“Nagri nu ditandasa.”
“Manusa, ti manusa, keur manusa?”
“Manusa jeung harepan. Manusa jeung késang. Manusa jeung getih. Manusa jeung kaunggulan.”
“Sajarah kungsi cumarita ngeunaan getih jeung cimata.” Sinta ngaheruk.
“Kawas nu teu nyaho. Aya nu nyipta kelemeng lebah sajarah. Sarta léngkah-léngkah maju ka hareup, lain ka tukang.”
“Révolusi, tangtuna?”
“Bongan saha nyipta jurang.”
Sinta peureum.
“Mangratus juta peureup baris jadi makuta.”
“Gusti!”
“Hiji-hijina gusti ukur perjuangan!”
“Gusti,….,” Sinta miceun beungeut. Ngalanggéor. Tungtung kulotna, pulas  kekembangan, ngagulusur ngusap jukut. Angin nu ngoréjat ti satukangeun bénténg, geus ngalantarankeun sababaraha parahu lilin kalebuh. Ngajéos. Karem.
Méh bareng miceun rénghap na beungeut émpang. Mariceun guligah kana keleter nu buburilakan. Sinta teu kaitung ngucap: Gusti!
“Hiji waktu. Hiji waktu hirup gé bakal karem. Pasti!” cék Sinta sabot Rasta nyelang nyokot lilin jeung gabus sakuriling malati. Pék sina ngeuleuyeung na beungeut émpang, sina ngangkleung ngayuman nu tadi karem, sina ngangkleung maturan nu masih tingkaliceus. Bangkarak gabus nu taya lilinan bet katémbong ngabalaan. Siga panasaran.
“Pareum. Meredong.” laju ngoéran bangkarak gabus.
“Cahaya mulang ka asalna.”
“Kutan?” Rasta ngalangeu.” Balitungan?”
“Surga atawa naraka. Batin kaadilan.”
“Utopia.”
“Aya awal tangtu aya ahir.”
“Deudeuh teuing, wayang-wayang.”
“Dalang kawasa.”
“Taya tapak nu bisa dipaké eunteung.”
“Mata batin, Rasta. Puseur kalbu tempat ngancikna.”
“Nu nyata wé atuh, Sinta. Nu nyata.”
“Nu nyata saukur berhala.”
Rasta nengetan hiji lilin. Méré isarah sangka Sinta milu niténan. Belewer dibalédog. Kecemplung. Pes. Jempling. Sajatining jempling. Simpe tina pucuk kana pucuk  lilin kaoyagkeun lambak. Émpang ngeleter. Gumeleter.
“Pati.” sora Sinta halimpu. Lir sirung lagu nu meupeuskeun simpé.
“Kakasih.” Sinta ngarambatkeun deui wirahna jeung kukupuna.
Rasta nahan ambekan. Jamparing nu dipentangkeun bet malik niruk ka sorangan. Kasima. Kagagas. Aya nu kumarayap lebah rohang-rohang dadana. Tembang nu lengas-lengis. Humarurung. Teu kawas sambuang sora Sinta. Diayap. Dina dadana. Horéng aya lewang ngarandakah.
Gentak nyingkahan émpang. Nyician gelas. Regot.
“Na aya sabaraha hiji ari cinta?” gerentes Sinta teu maliré nu samar polah.
“Hiji.” cék Rasta awor jeung jentring zipo. Haseup ngabrul. Kumalayang. Muputkeun ngungun ka alak paul.
“Buktina. Cinta urang pada nogéncang.”
“Cinta salawasna  cinta. Nu séjénna getih kawajiban.”
“Cinta téh rénghap.”
“Satuju. Cinta ibarat langit. Getihna matapoé jeung méga mendung.”
“Matapoé jeung girimis mun tepung nyiptakeun katumbiri.”
“Saha matapoé? Saha girimis?”
“Nya urang katumbirina.”
“Kaéndahan sajorélatan! Matapoé jeung girimis surti kana kawajiban séwang-séwangan.”
“Teu béda ti urang.”
“Kanyataan ngaenyakeun.”
“Hakékatna ti langit nu hiji. Pada-pada miasih bumi.”
“Naha los-los ka dinya?”
“Salah?”
“Ukur katineung nu baris katumbirian…,”
“Mumpung can jadi katineung. Siga Marli. Barina ogé tangtu salawasna lamun amprok lebah dada. Ngelewung dina kalbu. Warna-warni lebah sukma.”
“Karang hamo leyur ku sajuta ombak.”
“Saha atuh nu pangkawasana?” teuteup Sinta liuh norobos lilin.
Rasta ngarasa kekecapan nyugak na genggerong. Rangseb. Kari-kari nu tingkarayap tina dada geuning geus nyampay na elak-elakan. Kecap saha nu usik-usikan hayang milu palid jeung kamalir kalimah Sinta. Teu wararawuh. Teu katalungtik ngan burialna tina dada lebah mana.
“Saha atuh nu pangkawasana?” Sinta imut pinuh lolongkrang.
“Cinta.” Rasta rumegag.
“Aya sabaraha hiji ari cinta?”
“Hiji.”
“Nu saha?”
“Nu urang!” hégak Rasta, hégak nu tas manggih tanjakan.
“Langit nu hiji….,” Sinta gegerendeng sorangan, ngahaja ditebar ka mana-mana. Awor jeung seungit malati nu humariring. Ngadalingding. Ngayun  ngambing.
Rasta tiban hareugeueun. Dina dadana.  Kiwari nyiriwik réwuan balati. Nurih bari nyisit. Bangun hayang ngajemprungkeun tarali nu tuluy usik-usikan. Tarali batin nu hésé dikadalian.
Haseup roko nyalabarkeun guligah. Ka saha. Da, taya sasaha di alak paul. Kapan saukur mongkléng pangimpian. Tapi. Aya.
Aya. Aya nu keur ngangon béntang. Jauh kacida. Jauh kacida. Hémeng, tarali nu tuluy nyirung bet cacap nembus ka palebah dinya. Madu nu lawas teu kasuruput. Sora saha.
“Langit nu hiji, Rasta. Moal matak meunggaskeun cinta. Moal matak mugagkeun lalampahan cita-cita. Tangtu asal bajuangna batin teu kaluli-luli.” Sinta  muru méja. Rasta deui-deui ngarénjag.
“Sumanget meureun hamo ngagalura.” sora leuseuh ngarangkul Sinta nu mimiti mukaan lambaran buku.
“Kuma paniatan.” Sinta masang kacamata.
Kayakinan nu hiji. Getih jeung madu sina gumulung. Rasta humandeuar. Halon Sinta ngaderes sajak.
Ti palebah loténg. Panto nu tadi ngajablog ngadak ngageblang. Kapireng campuh sora cakakak. Gelas peupeus. Hitar gumrang-gumréng. Lagu sabulangbéntor. Bob Marley. Campur Sari. PHB. Zamrud . Indonesai Raya. Gorowok tingrampéol. Aya botol ngabelewer ngaluncatan balkon. Ngagejebur luhur empang. Karem sakabéh layar cahaya. Samagaha ragrag di sagara.***

Leave a Reply