Pesta

by in 0

Kuring teh kudu kawin, memang geus pada apal. Geus nyarahoeun ngarah teu saumur-umur jadi bujang bulukan cenah ceuk Ema mah. Deuh … rek kawin, cekeng ngageuhgeuykeun diri sorangan. Mun tujuanana ngarah teu jadi bujang bulukan, wajar jeung pantes mun nu kaimpleng ukur oyagna ranjang, sepre weuteuh, guguling hirup jeung lalampahan ka nagri implengan nu tas wates wangena. Terus unggal peuting nepi ka isuk-isuk aya bukti dina sepre keur pintonkeuneun ka mitoha. Lebah dinya ngan ukur manggihan dua alesan, naha manehna nu peutingna sare jeung kuring masih weuteuh atawa urut batur. Teu jadi sual naha rek kajadian peutingan kahiji, kadua, katilu, kaopat … teuing rek peuting nu ka sabaraha. Heueuh mun tea mah kawinna kuring ku alatan nu kararitu, ku alatan simbol-simbol dunya, asa teuing ku leutik nu ngaranna dunya. Biheung ngan ukur meunang peunteun enol mun disaring ku saringan agama mah.
Kuring teh kudu kawin, memang geus pada apal. Meureun ngarah kuring jadi lalaki langit lalanang jagat. Ngarah engke boga anak, hiji … dua … tilu, teuing rek sababarha teu jadi masalah. Nu penting asal boga budak. Boga turunan nu rek neruskeun garapan nu can anggeus kapigawe. Nepi ka hiji waktu kuring nombro, cicing di panti jompo, terus manehna nu masih keneh halabhab ku kaayaan teh maen serong jeung tatangga atawa jeung tukang kiridit nu unggal minggu sok ngulampreng ka hareupeun imah. Heueuh, mun kawin bari tungtungna ka dinya, asa teuing ku bangga. Heueuh, bangga ninggalkeun budak nu soleh dina waktuna kuring geus nombro tapi oge bangga lamun kudu mere kasempetan keur pamajikan nyieun laku maksiat gara-gara umur kuring jeung manehna ganjor kacida.
Kuring teh kudu kawin, memang geus pada apal. Tapi waktu ditanya saha panganten awewena, geuningan bet ngabigeu. Boa-boa panggung teh ukur pepedut, ngeungkeungna degung ukur angin, sabab sketselna ngan saukur dahan-dahan garing. Tamu nu sami rawuh ngan tungkul teu wani ningali beungeut. Waktu gedong tempat resepsi dibuka, para tatamu teh narangtung ngaleut laleumpang ka hareup siga sireum nu ngantay panyangkana di hareup aya gula keur lamotaneun. Geura sok pikiran, naon pijadieunana, kumaha pibalukareunana mun nu dipaksa kudu kawin ku alatan sieun jadi bujang bulukan, mun can aya panganten awewena tangtuna ukur dongeng-dongengeng keur ngabobodo budak cengeng.
Nu matak samemeh jadi pesta, sok gancang datang ka dieu jungjungan, nangtung di dieu, Sing deukeut sing geugeut. Teu nanaon antep sakeudeung tatamu nu keur anteng tarungkul, ngarah engke waktu tanggah katingal calawak kaget, sabab geuningan anjeun jungjunan pupujaning ati kuring geus nyampak di gigireun. Bae kapan hukum alam ge geus mere palajaran ka urang, satungtung panon poe meletek ti beh wetan kapan jelas euweuh nu mustahil. Keun antep sina saroak, ngoceak, awur-awuran siga daun jati mangsa katiga tea geuningan. Keun engke mun anjeun yakin geus aya di gigireun, kuring rek nangtung dina tempat nangtungna MC ayeuna, urang biantara. Meureun kieu cekeng teh:
“Hadirin nu sami rawuh dina ieu acara, nepangkeun ieu calon pun bojo, Nurani. Ngahaja sanes milih Tuti margi tina ratusan Tuti teu aya nu apaleun saha ari kuring. Oge sim kuring teu milih Susi, sabab saukur-ukur nepangan Susi nu apal kalahka batur lain diri sim kuring. Mangga nyanggakeun ka sim kuring sakalih, sing tiasa ngojayan kahirupan bari cacap meuntas ka basisir nu jadi tujuan.”
Tah kitu jungjunan biantara Akang teh. Mugia anjeun rengat galih, mun dina panungtungan nyarita rek ngenalkeun di mana urang tepung, naon nu matak urang bisa ngahiji. Sok sanajan teu pati galib jeung kalolobaan acara walimahan, kajeun teuing, sabab kapan dina hiji mangsa mah nu ngaranna teu galib teh eta pisan jalan nu lempeng tea.
***
Eta-eta kalahka ngalamun. Ieuh hirup mah teu cukup ku ngalamun, tapi kedah bari sareng prakna. Mun hayang jadi guru, kudu prak sakola guru, sabab lamun ukur ngalamun komo bari teu ngiring ujian guru, na iraha bisa jadi guru.” Ema ngagorowok ti patengahan waktu ningal kuring keur anteng ngalamun. Enya, puguh lucu kapalay anjeunna teh. Maksa nitah kawin ayeuna-ayeuna, tapi unggal nyodorkeun awewe, basana teu panuju bae. Cing cenah neangan teh anu bener, ngarah kami tenang ninggalkeunana.
Waktu mawa Imas, anak bandar jengkol di Pasar Dangdeur, ema ukur keom. Pedah eta buuk Imas tukung. Majarkeun teh teu panuju, maenya piminantueun ema turundul siga hayam sesa macokan. Padahal kuring mah geus pol ka manehna teh, lian ti moal era mamawa da puguh beungeutna mah geulis, jaba kapan nyakola. Sanajan teu rengse jadi sarjana kaburu kagembang ku dagang, asana pikeun batur hirup mah manehna geus moal matak nguciwakeun. Pareng mawa Dedeh, urang Jatayu. Ema keukeuh mugen ukur keom jeung teu mere budi. Pedah eta waktu barangdahar kadenge ceplakna. Basana teh digoreng-goreng oge urang teh turunan menak, kumahaeun teuing benduna uyut Suryaningrat, boga buyut daharna ceplak. Waktu dibejakeun ka manehna, jetetet Dedeh baeud. Majarkeun, na usilan teuing, biwir-biwir didieu naha make kudu dimasalahkeun. Bolay deui bae ahirna mah.
Waktu panceg umur kueing 35 taun bari can jelas iraha rek kawin, malem minggu ngan cicing di imah da puguh teu boga kabogoh, ema katingal siga anjing tutung buntut. Saminggu ti harita tara-tara ti sasari. Haji Maslan nepungan, ngajak ngbrol bari sagala ditanyakeun. Dakuna mah hayang dipangomeankeun telepisi cenah pedah gambarna sireuman. Teuing apaleun ti saha kuring sarjana elektro. Tapi waktu dititah dibawa telepisina, basana teh engkin bae cenah. Nya ahirna wakca boga bibit, payus jeung Gagan mah cenah.
Song mikeun potret, budak ngora kakara tamat SMA. Geulisna mah geulis, make tiung, jeung sorot matana mah sorot budak bageur. Tapi waktu pirajeunan ngulampreng ulin ka imah Haji Maslan tea, euleuh geuningan aya ku wanian. Jaba ti noroweco ngajak ngobrol, tungtungna nanyakeun naha geus boga imah atawa acan, sababaraha gajih ayeuna. Kuring ukur nyenghel, asa nararingnang puguh ge. Kakara tepung geus wani nanyakeun nu sifatna pribadi samodel kitu. Waktu dibejakeun ka Ema, jetetet baeud asa dihina cenah. Pret … teu diteruskeun ngadeukeutan, eukeur mah kuringna sorangan geus asa dipeupeuh hulu angen.
Urusan neangan jodo diteruskeun. Ema usaha neangan, kuring sarua teu cicingeun. Ngan waktu balik gawe, ema hegar nakeranan katingalna teh.
“Lamun enya eta teh lain ukur implengan hidep, Agan, Ema rido jeung asa cop kana hate.” Pokna waktu kuring kakara ngagantungkeun baju kana tempatna.
“Naon tea maksa Ema teh?”
“Enya, eta, Neng Nurani. Iraha rek ditepungkeun jeung Ema?”
Gebeg. Sajongjonan mah kuring ukur colohok. Na apaleun ti saha ari Ema ka awewe nu salila ieu ngeusian buku diary kuring? Geus lila wawuh jeung manehna teh. Ti tingkat hiji keneh. Geus belasan taun. Tapi kapan Nurani mah ukur ngaran dina implengan, euweuh, euweuh di kieuna.
“Kumaha? Geuningan kalahka ngabigeu Gagan mah? Naha tos putus atawa direbut batur?”
“Henteu, Ma! Maksad Gagan teh …”
“Tong seueur perhitungan, kumaha ieu teh naha rek ngadagoan bulukan? Kieu we ceuk Ema mah, Agan siap-siap, atuh Ema rek nepangan Kang Hidayat. Urang ngetang heula iraha cocokna.”
Obrolan teh ngabuntut bangkong sabab Ema kaburu ngaleos ninggalkeun kuring nu masih buntu laku. Enya kumaha pibasaeun atuh ka Ema, naha bakal percaya lamun kuring nyaritakeun yen sabenerna Nurani teh ukur ngaran implengan, ngan aya dina alam sawangan wungkul.
Waktu kadenge panto hareup ngolotrak dibuka, kuring gentak tibuburanjat kaluar ti kamar. Enya we, Ema geus seged dangdan. Enyaan lain akon-akon. Sugan teh ukur babasaan wungkul.
“Ke sakedap, Ma. Saena tong waka ka Uwa Hidayat ayeuna. Emh … maksad Gagan teh …”
“Har … na saha nu rek ka Kang Hidayat? Ema mah rek ka Nyi Karsih pesen sayureun. Si Samroh geus jamedud bae geuningan, bungbu-bungbu kurang cenah.”
Plong hate bungah bungangang. Bari ngelemes nyeungseurikeun diri sorangan, kuring balik deui ka kamar neruskeun deui implengan. Enya, sanajan alesan sieun jadi bujang bulukan, atawa ukur ngahalalkeun keur sapatemon umpamana, tapi sual kawin lain urusan heureuy. Teu nanaon lamun ayeuna kuring maksa kawin, kajeun teuing pegat isuk ceuk babasaan, nu penting asal Ema sugema. Asal kuring boga status geus rumah tangga, asal teu jadi bujang bulukan. Nu matak rebun-rebun keneh kuring geus miang, bebeja mah aya orderan di luar jam kerja nu matak kudu gancang direngsekeun. Ngan samemeh miang talatah heula ka Ema ngomat-ngomatan sangkan tong waka midangsaraya ka Uwa Hidayat.
Biur miang make mobil kantor, nu dijugjug imahna Nuning di Cipanas. Batur kuliah baheula nu sarua masih keneh lalagasan cenah. Lain teu payu ngan beurat teuing sarat-saratna, jeung deui rada ngeper we lalaki kitu-kitu bae mah. Enya jaba ti sarjana teh, Nuning boga vila anu disewa-sewakeun ka urang bule jeung ku pribumi nu resep pelesir malam mingguan di puncak, malah ayeuna geus ngarangkep jeung agrobisnis di Citamiang. Kabeneran manehna ngantor. Uplek ngobrol puguh geus lila teu tepung.
“Jadi tulus atuh meunang gelar bujang bulukan teh?!” Nuning heureuy.
“Nu matak tulungan saya, Ning. Please! Kajeun isukan pegat oge teu nanaon, nu penting ema sugema.”
“Gelo maneh mah! Memangna rumah tangga teh keur saheureuyeun. Embung ah sayah mah.” Nuning ngabirigidig.
“Naha? Kapan ukur dirapalan. Peutingna mah teu kudu sare bareng, saya ge moal ngaganggu. Jeungna deui urang dieu mah moal apaleun. Kapan jauh jarakna oge.” Kuring keukeuh maksa.
“Embung! Sakali embung, embung!” Nuning teu sirikna burial buncelik nembongkeun kaambek. Tapi kuring teu eleh jajaten. Waktu kuring nyaritakeun kajadian sakitu belas taun ka tukang, waktu tas beres mapras, manehna melengek. Lalaunan panonna beureum marengan pipina nu sarua nyeak beureum.
“Hampura, Gan, kuring memang kungsi kahutangan nyawa, tapi bangga lamun kudu mantuan kahayang anjeun baheula.” Pokna dareuda.
“Enya, teu nanaon lah! Da maksud kuring ge lain rek ngagugat kajadian baheula, nyarta kitu soteh eta mah ngan ukur hayang mulangkeun panineungan bae.” Cekeng teh teu bisa terus maksa. Obrolan teh ngacacang ka mana-mana, sagala dibahas sagala diobrolkeun. Cacap ngobrol, biur deui balik terus ka kantor. Kakara rengse gawe teh jam sapuluh peuting. Datang ka imah lungse asa euweuh tangan pangawasa. Ngan nu matak leuwih lungse waktu di hareupeun imah aya mersi ngabagug, mersi seri E anyar keneh. Di jero kabireungeuh aya nu keur ngobrol, ngan teu pati sidik da nonggongan. Lalaunan nyurungkeun panto bari uluk salam. Ema ngabageakeun darehdeh nakeran.
“Tah geningan Neng Ani, dongkap Agan teh.” Cenah bari ngareret ka kuring. Nu disebut Neng Ani malik bari unggeuk semu era. Gebeg kuring ngagebeg, jajantung asa coplok, geningan nu keur uplek ngobrol teh Nuning. Kuring yakin manehna ngaku ngaran Nurani siga nu kungsi diobrolkeun tadi isuk di kantorna. Ema ngaleos ninggalkeun kuring duaan.
“Aya naon?” cekeng.
“Saya nu rek menta tulung. Isukna urang kawin.” Cenah daria nakeranan.
“Geuningan? Ke ke ke kumaha ieu teh?”
“Daripada ka Datuk Maringgih, jaba dipangduakeun, mendingan ka anjeun, kajeun geus bulukan tapi angger aya kasebutna bujangan keneh.”
“Nu bener, Ning?!”
“Swear, serius!”
“Naha ka Ema ngaku Neng Ani?!”
“Kapan ceuk anjeun, ema bakal satuju lamun anjeun kawin jeung Nurani.”
Kuring nyakakak puguh asa dina sandiwara. Tapi sigana isukan mah moal ngalamun deui yen kuring rek oleng panganten.
***

Leave a Reply