Silang Sigeu

by in 0

POÉ Minggu ngajak budak ulin ka toko buku. Éta tuda ti kamari ngaéh baé hayang buku catetan leutik pulas kayas. Teuing keur naon, da ditanya téh ukur nyebut keur catetan. Diayunkeun wé kahayangna téh, sakalian rék néangan buku séjénna.
Budak téh jigrah pisan. Di toko buku taralang-tereleng ka ditu ka dieu. Rada kawalahan kudu nutur-nutur jeung mukaan buku nu ditunjuk ku manéhna, da geuning béhna mah lain ngan néangan buku catetan. Kalah ka néangan buku bacaan séjénna, sakitu can lancar maca téh.
Keur anteng nengetan buku, gigireun aya nu ngajanteng. Awéwé tengah tuwuh. Cék rarasaan, éta awéwé téh rét deui rét deui ka kuring. Teuing ngahaja, teuing ngan ukur rarasaan.
Teu kungsi lila aya nu nepak kana taktak.
”Silang?!”
Sajongjongan kuring ngabigeu, panon mureleng ka éta awéwé nu nepak taktak téa.
Dina haté nginget-nginget deui kecap Silang, teu karasa kuring némbalan.
“Sigeu?!”
Manéhna seuri bari ngasongkeun leungeun. Kuring mani kumejot, haté mah hayang ngagabrug. Ngan teu werat, apan manéhna téh awéwé, di tempat ramé deuih.
Enya, disebut tengah tuwuh téh asa merenah pisan. Buukna geus culcel huis, tapi dangdananana mah matak hookeun keur awéwé saumurna mah. Geura wé, buuk najan geus culcel huis gé, tapi ari modélna mah kaayeunakeun. Maké cindung, tapi lain jilbab, ukur disampaykeun, malah mimindengna nyéngléd dina taktak. Bajuna gombrang, maké pantalon, kéwes asa ningal dangdanan Indira Gandhi.
Sasalaman téh rada lila jeung terus silih keukeuweuk.
“Keur naon di dieu?” pokna.
“Nya néangan buku atuh, maenya néangan emih kocok di dieu…”
Manéhna nyeuleukeuteuk, enya can poho kuring gé, kabeukina emih kocok téh.
“Jeung saha?” manéhna nanya deui.
“Jeung budak!”
“Incu ieu téh?”
Kuring teu pati némbalan, kalah ka hayoh nitah budak ngarah munjungan.
“Tuh, salim heula ka Ua.”
“Nu bungsu ieu téh? Boga sabaraha budak téh? Mana indungna?”
“Indungna mah di imah wé, da tadi diajak téh mugen, majarkeun loba seuseuheun!”
Kuring jeung manéhna uplek ngobrol bari nutur-nutur bujur budak milihan buku.
Bérés babayar, kuring, budak, jeung manéhna, kaluar ti toko buku. Enyaan wé manéhna ngajak nyimpang ka tempat dahar anu ngajual emih kocok.
“Can robah kabeuki téh!?” ceuk kuring.
Manéhna ukur mésem.
Kuring rarat rérét ningalian kana balanjaan manéhna. “Meuli buku naon tadi?”
“Teu meuli buku uing mah, meuli ieu wé cét minyak!”
“Euh, geuning jadi pelukis?”
Manéhna seuri ngaheuheu, “Lain, ieu mah pesenan incu!”
Resep ningali manéhna ngadahar emih kocok anu cikruh nyuruputna, atuh teu kaliwat seuhahna.
“Na geus boga sabaraha incu téh?”
“Geus gedé, geus di SMP. Lain, ari ieu budak téh nu bungsu?”
“Keur ayeuna mah nya cikal nya bungsu, da kakara hiji!”
“Geuning ku irit!?”
“Lain irit, da nyieun mah geus ti baréto mula, ngan jadina nya kakara ieu. Geu, kuring kawin téh méh dua puluh tilu taun, kosongna méh tujuh belasan taun, ayeuna ieu budak umurna tujuh taun jalan!”
“Mintul meureun!”
“Ah, duka teuing, sakieu gé Alhamdulillah geus dipercaya boga budak!”
Ari budak nu diomongkeun mah anteng wé ngahénggoy emih kocok.
“Geu, ari di dinya boga budak sabaraha?”
“Wah, budak mah loba, ngan anu bener mah ngan tilu, malah geus boga incu ti anu bungsu!”
“Geuning. Na aya budak nu teu bener!”
“Lain budak teu bener, maksud téh budak asuhan, nya sasieureun sabeunyeureun ngilu mantuan barudak jalanan sina sarakola!”
“Euhh, mulya kacida atuh!”
Rada lila paheneng-heneng. Kuring ngahénggoy emih kocok, sakali sakali mangnyusutkeun leungeun budak ku keretas tisu, da leungeunna baseuh, atuh manéhna gé tonggoy kana mangkok emih kocok.
“Lang, ari éta buuk téh disemir, asa angger baé siga kitu?!”
“Alhamdulillah, henteu, ieu mah asli atuh, teu wanoh kana ngaran semir buuk!”
“Éta wé asa angger kénéh siga baheula, da kuring gé apal téh éta pédah ningali modél buuk di dinya, moal poho da kungsi nenget nenget ti palebah tukang!”
“Ari uing mah enyaan kalinglap, Geu, ka di dinya téh. Mun seug di dinya teu nanya ti heula, kuring mah moal apal, da éta geuning awak téh asa beuki mébér!”
Manéhna ngaheuheu seuri.
“Sakieu mah awak téh geus rada ngorotan da opat taun kaliwat mah leuwih beurat, awak leuwih mébér. Awéwé mah kakolotnakeun téh beuki beunghar. Beunghar ku beurat awak!”
Ngobrol di warung emih kocok téh teu lila, da budak noélan baé ngajak balik. Sonona mah kacida jeung manéhna téh. Sanggeus silih béré nomer télépon jeung alamat serélék (serat éléktronik, émail téa), terus papisah. Manéhna ngadius kana taksi, ari kuring jeung budak mah kana angkot wé.
Peutingna mukaan émail. Ari muka émail ti peuting téh aya sababaraha maksud. Kahiji, ngoprék komputer teu kaganggu ku budak. Kadua, sugan wé atuh bakal leuwih cepet da ari peuting mah kapan ngaranna gé peuting euweuh deui batur nu maké. Katiluna, sugan wé mayar téléponna rada murah.
Serélék téh ngaburudul loba pisan, pangpangna mah ti milis urangsunda. Éta wé da bulan september 2003 mah nepi ka opat rébuna sabulan téh. Jeungna deui aya serélék ti panyeumpxxx@yahoo.com. Ké, ti saha nya? Sidik alamat anyar ieu mah, da teu boga babaturan alamatna siga kitu. Barang dibuka horéng ti Sigeu.
Ku kuring ngahaja di-print, dicitak sangkan tumaninah macana, komo mun bari lalangkarakan.
From : panyeumpxxx@yahoo.com
To : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Inget baheula.
Lang…, ilaing nyaho teu, nulis ieu émail téh uing bari bulucun. Tadi, kira-kira jam dalapan peuting, uing taranjang hareupeun eunteung satangtung. Buuk teu disisiran. Atuh beungeut gé teu dipolés ku wedak. Éstu sahinasna. Uing neuteup awak sorangan.
Lir keur maca kajujuran, unggal gurat dina awak mawa lacak tapak baheula, ti luhur tina unggal lambar buuk nepi ka tungtung kuku indung suku. Bruh bréh laku lampah ti jaman keur budak nepi ka ayeuna, lir pilem nu puter balik, aya nu gagancangan aya nu kacida launna, nepi ka témbrés kalakuan ti bubuk leutikna nepi ka nu pangbadagna. Kalan-kalan uing seuri, nyeungseurikeun kalakuan sorangan. Teuing seuri naon ngaranna, bisa jadi seuri maur.
Lebah beuteung naha jadi ngabendeléh kieu, ting berehil tapi lain sepir. Lebah pingping nu baheula luis téh ayeuna mah geus ledis, geus euweuh tapakna, nu aya nampuyakna daging nu teu puguh ujud.
Naha uing boga hak ngarasa éra pédah awak siga kieu? Naha uing kudu ngéwa ka awak sorangan pédah ramijud? Dina wujud idéntitas naon atuh ari uing?
Loba sora nu ngomong ti ditu ti dieu, pajar uing begang, pajar uing gendut. Naha nu ditempo téh bet wujudna wungkul? Naha pédah urang téh keur dikepung ku deudeuleuan dina télévisi, koran, majalah, gambar sisi jalan, dina tas, dina dompét nu ngan ukur némbongkeun awak, beungeut? Naha ngan éta anu pangsohéhna keur hiji idéntitas? Jeung deui naha pédah uing awéwé, kalan-kalan aya nu ngan ukur ngadeukeutan pédah uing awéwé, ngan ukur dijieun objék?
Meunang pan lamun uing ngabandingkeun awak jeung mangsa baheula keur meujeuhna ngora (lain, lain uing hayang ngora saumur-umur), keur jaman loba nu ngudag-ngudag boh jajaka boh duda, malah aya nu pangkatna jéndral sagala? Uing wenang milih, nu jago karaté awakna lempay ngalampanyat, atlétis, ngeusi, nu pendék béké tapi mobilna weuteuh sadua-dua, nu kakara lulus kuliah, nu boga hotél, nu boga villa di Puncak.
Teuing ku naon maranéhna ngudag-ngudag, da uing mah tara tatanya, da sigana lamun bareng indit jeung uing, maranéhna siga nu kacida bagjana, siga nu ngagandéng widadari meureun, saha nu teu nyaho ka si Non sakota kabupatén mah, si Non nu harita boga Mercy, awéwé geulis, ngora kénéh, suksés usaha.
Ningali awak dina eunteung, naha nya maké jorojoy hayang dipoto, dipoto keur bulucun. Hayang ngabandingkeun jeung awak jaman keur ngora. Hanjakal, teu boga poto jaman keur budak bari bulucun, aya gé poto keur umur tilu taun teu maké baju, asana mah karék anggeus mandi dipoto ku Bapa almarhum, éta gé bari gégéréwékan da embung mandi, dipaksa ku Mamah, ari ku Bapa kalah hayoh dioconan. Kitu dongéng Mamah, da ari uing mah tong boro inget, ningali potona gé teu béda wé jeung ningali poto séjénna jaman keur leutik.
Ieu kulit beuteung, nu kungsi luis, nu kungsi jadi paneuteup lalaki, waktu uing ngojay di Hotél tilu puluh taun kaliwat, kulit beuteung nu ieu nu kungsi mendeyang reuneuh, kulit beuteung nu ieu nu kungsi… salingkuh.
Lang, ilaing nyaho teu, waktu uing nélépon ka ilaing, supaya ilaing datang ka Hotél, basa urang rék papisah téa, naon pangna uing ngajak papanggih di Hotél, di kamar dua genep? Enya, inget kénéh da ngahaja néangan kamar nomer dua genep téh ambéh sarua jeung umur uing harita. Lanté 2 kamar nomer 6.
Ilaing keketrok kana panto, terus uluk salam, “Assalamualaikum!” Uing harita hareugeueuen, naha kudu dijawab atawa ngan ukur mukakeun panto. Uing nyaho lamun aya salam wajib dijawab, ngan asana geus lila tara ngucapkeun salam siga kitu. Harita uing ukur mukakeun panto.
Terus ilaing culang-cileung néangan korsi keur diuk, nu terusna mah ilaing diuk dina kasur. Enya, kamar hotél téh leutik. Aya éta gé korsi mah tapi harita dieusian ku tas uing, jeung sababaraha buku, buku buku carita silat Cina.
Malah harita gé uing keur ngeukeuweuk buku nu judulna Telaga Darah. Geuning ilaing nyéréngéh bari ngomong, “Kahadé buku éta mah eusina  porno.”
Uing teu némbalan harita téh. Da enya buku téh porno pas keur dibaca téh anu kituna pisan. Puguh wé rada éra, terus buku téh dialungkeun. Asana, uing terus nyicikeun cai hérang kana gelas, disodorkeun ka ilaing.
Lila ngobrol téh, méh nepi ka jam dua welas peuting. Ilaing terus amitan. Sabenerna mah ku uing téh rék diajak mondok, rék diajak saré sagebrug.
Teuing ku naon, uing gé da teu nyaho, ujug-ujug jorojoy wé aya niat kitu. Teuing pédah uing geus lila rarandaan. Dina haté uing téh rék méré kenangan ka ilaing atawa… teuing, ah, uing gé teu ngarti.
Tapi niat kitu téh teu werat diomongkeun, da ilaing hayoh wé ngajak ngobrol soal sajak jeung carita pondok nu kungsi ku uing dibacakeun waktu siaran. Ari rék maké tingkah provokatif, haté téh asa teu méréan, malah dina haté ngagerentes yén ilaing téh lalaki nu teu surti kana kahayang awéwé.
Sanggeus ilaing mulang, uing cunggelik sorangan. Maca buku jadi teu napsu. Harita uing ceurik. Henteu ari ceurik gagauran mah, ukur rambay cimata. Ceurik pédah naon, uing gé teu nyaho, ngan dina haté asa aya nu ngagerihan.
Serélék ti Sigeu mani ngagebay. Ka béh handapna eusina loba ngadadarkeun pangalaman dirina. Dina panungtungan serélékna manéhna nulis:
Uing téh ayeuna geus loba incu. Ti nu bungsu kakara borojol minggu kamari, awéwé, lucu geulis. Orok beureum kénéh, roroésan jeung ceurik. Uing gé tangtu kungsi kitu, kungsi jadi orok beureum.
Lang, sabebenerna mah anak jeung incu téh kabéh gé anak téré, jeung incu téré, da uing mah teu kungsi boga budak. Kabéh gé anak Si Jéndral almarhum, ngan pédah ku uing budakna kabéh diurus, lantaran indungna  meunang musibat waktu ngalahirkeun anu bungsu.
Geus, ah, uing geus tunduh, rék saré heula. Sono euy hayang ngobrol deui siga baheula.
Ka subuhnakeun kuring nulis émail jawaban keur Sigeu :
To : panyeumpxxx@yahoo.com
From : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Re:Inget baheula.
Geu, geus dikonci pantona?
Alusna mah saméméh bulucun téh dikonci heula pantona, bisi ujug ujug aya ucing jalu asup. Kapan matak barabé akibatna. Ucing jalu téa sok kumahkar. Aéh, nu kumahkar mah hayam rék ngéndog nya. Ucing jalu mah bisi ngarontok, nyakar. Kapan aya sayang beurit lin?!.
(heureuy ah…)
Mun teu salah aya nu kungsi nulis majarkeun “awak téh panjara”. Teuing panjara naon. Aya deuih nu nyebutkeun yén awak téh mesin hasrat jeung aya deuih nu nyebut diri……baé lah uing mah moal pipilueun, ah, kana palebah awak mah. Uing gé ayeuna kieu buktina, teuing boga awak téh naha goréng naha alus, nu leuwih penting mah asal séhat, kapan ceuk paribasa gé banda tatalang raga, raga tatalang nyawa.
Geu, nyaho teu (nurutan di dinya), saméméh nulis ieu serélék téh uing ngambah heula dina internét, néangan gambar awéwé nu umurna lima puluh genep taun bari.…bulucun…! Na ari burudul téh geuning loba pisan nya. Malah aya nu umurna geus dalapan puluh taun sagala. Ambuing éta sayang beurit dina kélékna…geus huisan!
Kabina-bina nya, bet aya nu daék némbongkeun awak bari bulucun dina umur anu sakitu geus cueutna. Enyaan dina internét mah sagala gé aya, abong kéna disebut dunya maya, dunya virtual, dunya kabébasan. Anu alus saalus-alusna aya, nu goréng sagoréng-goréngna gé aya.
(Hampura, Geu, nya uing geus nyipta-nyipta awak di dinya. Ah, teu jauh ti modél nu ieu lah hé hé. Aya huisan. Uing nelek-nelek gambar hiji awéwé nu geus kolot tur keur bulucun!!)
Saméméh poé kamari, uing sakapeung sok ngawawaas jaman baheula. Nu kaimpleng téh, hih, angger wé di dinya téh awéwé geulis, ngora, lincah jeung pinter. Implengan téh kakara robah poé kamari saprak panggih téa. Enya, asa ngagebeg geuning. Geus kolot nya umur téh. Urang teu panggih téh aya kana tilu puluh taunna. Lain waktu nu sakeudeung tah. Urang geus jadi aki-aki jeung nini-nini. (Geu, ari incu nyebutna naon? Nini, Ené, Éyang atawa Oma? Ah, ma enya nyebut Oma, kapan Oma mah tina basa Walanda lin?)
Uing mah bulucun téh lamun keur mandi wé. Éta gé tara nelek-nelek awak sorangan. Gebrus wé mandi, lantaran lamun ditelek-telek sok manggih nu matak kukurayeun (moal dijéntrékeun naon nu matak kukurayeun téh bisi disebut buntut Oa.)
Geus, ah, lila-lila mah bisi jadi cawokah. Sarua sono, Geu!
Si Belang téa.
Ti harita, pleng teu nampa deui serélék ti manéhna.
1972
Unggal malem Saptu, bari lalangkarakan di tempat indekos, bari ngareureuhkeun kacapé, sok mindeng ngadéngékeun radio. Sok ngahaja néangan sora penyiar awéwé. Nya manggih sora awéwé. Harita téh keur maca sajak. Sanggeus bérés macana terus ngagalantang nyaritakeun eusina éta sajak. Sajakna lolobana sajak rumaja nu idek liher dina dunya cinta.
Hiji waktu kuring ngawanikeun manéh nélépon ka penyiarna, nyaritakeun sajak nu kungsi dibacakeun ku manéhna. Nélépon téh lain waktu manéhna keur ngajomantara. Nélépon kitu wé. Atuh sakalian kuring ngawanohkeun diri bari nyebutkeun hayang panggih, hayang kenalan.
Nya ti harita kuring wawawuhan jeung manéhna. Kuring nanya, saha ngaranna nu sabenerna. Manéhna téh teu ngajawab kalawan sacéréwéléna. Atuh kuring gé teu méré ngaran nu sabenerna. Lantaran mimiti panggih téh kuring maké kaos belang, manéhna ngalandi kuring Si Belang. Teuing meureun asa kurang merenah tungtungna, lamun ngageroan téh sok nyebut Silang. Atuh kuring ngalandi manéhna Si Geulis, nu sok terus disebut Sigeu.
Geulis, enya da geulis atuh manéhna téh. Geura wé awak jangkung, ukur béda tilu sénti ti kuring gé. Ngeusi, begang henteu, montok henteu. Donto meureun babasaanana mah. Ari beuebeungeutan rada siga béntang pilem, saha nya poho deui ngaranna. Ngan ieu mah beungeut Sunda. Geulis Sunda.
Mun aya nu nyebut Silang ka kuring pasti manéhna. Kitu deui lamun aya nu nyebut Sigeu ka manéhna bisa dipastikeun kuring.
Dina ngabasakeun téh sok teu puguh sakapeung kuring, uing, di dinya, ilaing kalan-kalan ana jeung énté. Sok sanajan umur kuring leuwih ngora, manéhna teu nganggap dirina leuwih kolot tur kudu dihormat. Umur kuring 23 taun, ari manéhna geus nincak 26 taun.
Lila wawawuhan téh, sataun leuwih.
Papisah sotéh pédah kuring kudu miang ka luar Jawa, pindah dines. Nya peuting harita kuring nepungan manéhna di kamar 26 di hiji hotél téh. Keur kenang-kenangan, manéhna méré pulpén. Ceuk manéhna, “Mun nulis surat keur uing kudu maké pulpen ieu. Ieu pulpén mangsina boga ciri husus, béda ti nu séjénna. Nu nyaho cirina ngan uing. Mun teu maké pulpen ieu mah uing moal ngabales.”
Kangaranan pulpén, kakara gé sababaraha poé geus leungit. Teuing ka mana. Atuh kuring nulis surat ka manéhna maké pulpén séjén. Enyaan lebeng euweuh balesan.
2004
Kuring narima deui serélék ti manéhna. Eusina teu panjang: “Lang, uing rék jarah, rék munggah haji, du’akeun nya. Hampura bisi aya dosa, boh nu karasa boh nu teu karasa. Ari énté geus ka haji? Mun encan mah sok wé kukumpul keur ongksona ti ayeuna. Aéh, uing gé ongkosna lain meunang kukumpul, tapi paméré ti anak téré nu panggedéna.”
Kuring maca serélékna téh sababaraha balikan. Dina haté ngucap sukur jeung ngadu’akeun sangkan inyana salamet, jeung jadi hajjah anu mabrurroh.
Teuing, tah, lamun geus balik ti Mekah, naha maké tiung wungkul atawa ganti jadi maké jilbab, atawa naha bakal eureun buukna maké semir.
Serélék ti manéhna ku kuring teu dibales. Angkanan téh engké wé satutas manéhna munggah haji rék manggihan, rék didatangan, bari jeung rék aya nu ditanyakeun sabab dina serélékna nyebutkeun kungsi ngandeg, tapi dina serélék éta kénéh nyebutkeun teu boga budak.***

Leave a Reply