Gepokan Kalakay

by in 0

Soré téh keur éta budak mah mangsa guyang ngambah sagara cahaya. Layung geus jadi cukang pikeun ngarasa meuntas sawawa. Malidkeun wates-wates umur nu prah di jalma réa. Éta budak nu sok pada nyebut bau jaringao téh teu salawasna miyuni tongo. Ti poé ka poé, ana langit teu haleungheum ku pihujaneun, éta budak bolokot cahaya.
Upama tepung di jalan pasampangan, jonghok alatan kagok ku kaayaan, poma ulah kumawani nanya bari saméméhna nyebut ngaran éta budak. Mending tong nanya wé batan nyebut ngaranna mah. Lah… maké jeung hayang nyaho sababna sagala. Keur éta budak, kecap sabab téh teu salawasna merelukeun jawaban.
Méh kabéh pangeusi lembur tara aya nu pirajeunan lengger kumawani nyebut ngaranna. Tara nu pirajeunan nginget-nginget tayohna téh. Méh ku unggal jalma dipopohokeun. Ku kitu téh deuih tara kungsi kadéngé aya nu ngarasa leungiteun. Pira ngaran. Komo ieu pantar pangawak budak. Mun anjeun keukeuh hayang nyaho ngaran éta budak, asa ku kaleuleuwihi. Mémang. Kuring rumasa teu bisa mupus ngaranna tina ingetan. Kuring kaasup nu masih nyésakeun rohang ingetan pikeun dikontrakkeun ka ngaran éta budak. Unggal kajadian téh teu saeutik nu lar-sup ngadon ngalontrak di rohang ingetan. Sawaréh mah ukur ninggalkeun runtah katineung. Kabiasaan ngontrakkeun rohang ingetan téh méré luang yén hirup téh kudu ati-ati ana disanghareupkeun kana léor talajak kaayaan. Minangka nu boga rohang kontrakan ingetan nu bisa dipercaya, kuring moal ngucah-ngacéh ngaran éta budak. Dalah keur kapentingan ieu carita. Moal. Kuring geus teu pati percaya kana kamampuh jalma nyekel leueurna belut rusiah. Kuring cangcaya kana tangara balai tina kiceup kecap “bahaya!” baris bisa nyegah anjeun ngadagangkeun goréngan ateul biwir. Pisakumahaeun teuing mun anjeun kolu ngagorowokeun ngaran éta budak tug nepi ka ngadodét kekemplong langit. Atuh langit soré nu éndah ku cahaya layung téh baris bobor karahayuan. Cahayana lalumpatan ngaliwatan éta liang. Kaayaan nu teu dipikahayang ku singsakur nu mikacinta kaéndahan.
Éta budak ngumpulkeun kalakay nu sakirana kadongkang ku leungeun. Angin mawa éta kalakay ti unggal madhab. Teu anéh mun bagian-bagian kalakay téh rangsak di ditu di dieu. Rubat-rabét kawas baju nu gélo. Balas kaséréd-séréd ku angin nu ngaliwat rerembet eurih jeung kakayon dina lungkawingna lamping gurawés. Ngajorag jungkrang canéom di leuweung ganggong.
Buruan imah éta lalaki téh teu pati lega. Jukut ngajejembrung jeung patulayah. Kalakay diantep sakarepna, kumaha talajak angin. Mutuh matak rungseb deudeuleuan nu kaparengan ngaliwat ka dinya. Tapi keur mahluk kayaning oray, kadal, jeung mahluk-mahluk lianna—nu resep miara rusiah angen-angen, kaayaan di buruan éta lalaki siga kitu téh jadi tempat nu kacida genaheun pisan keur panyumputan. Nyingkahan pangambeu intél nu teu weléh ungas-ingus. Ucing gigireun imah éta lalaki kabeukina sulungkar-salingker. Sulusap-sulusup.
Éta budak diuk andekak. Awak éta budak nyarandé kana pager sinyoh nakal. Tina matama nu celong, lir legokna batu katinggang cikaracak, ngaburial cinyusu. Biru semu geuneuk. Asana palika nu geus baal tapak lukutan awak gé pamohalan teuing bisa ngajugjugan. Sajeungkal hareupeun palangkakan éta budak, ucing nagog, gigireun imah éta lalaki. Sorot panon ucing téh buringas. Ngudag kalangkang jejembrung jukut, kasebrot layung, ririaban kawas buuk mojang katebak angin. Buntut ucing gigireun imah eta lalaki téh ku teu daek cicing. Gusar-gésér nyapuan taneuh. Tungtung buntut éta ucing gigireun imah éta lalaki nodélan beungeut torowongan, gorowong panjangna taya tungtung mindeng nyasabkeun nu pareng ngalanto ka dinya, handapeun tarangbaga éta budak nu ngaboléklak.
Laun-laun témbong suku éta budak usik. Nutup. Muka. Panon éta budak meureudeuy bangun aya batu leutik nu ngahalangan burialna cinyusu. Leungeun éta budak angger teu lésot tina kalakay. Biwir éta budak ngagerenyemkeun itungan. Sora éta budak semet kadéngé hawar-hawar. Lep-lepan siga radio leungiteun gelombang. Saratus… tujratus… buratus … jutratus …
Éta lalaki nu ti tatadi nyérangkeun ti kaanggangan, tipepereket ngadalikeun haroshos ambekan nu dak-dumadak ajol-ajolan kawas létah seuneu hawu ngalétakan bujur sééng. Panon molotot nyewuk muru torowongan handapeun tarangbaga éta budak. Aya nu ngagurinjal. Aya nu nojosan sarung, nepi ka katémbong aya nu ngelemeng kawas budak anyar disunatan maké sorondoy panyinglar balai.
Éta lalaki ngeteyep ngadeukeutan éta budak. Méré isarah sangan ucing gigireun imahna ingkah. Digebah. Lain ingkah kalah uang-éong. Buntut éta ucing téh kalah beuki panjang gusar-gésér. Nyieun puteran angin puyuh. Dada éta budak turun naek. Awak éta budak ngombak sagara. Sinyoh nakal nu jadi panyarandéan éta budak rungkad.
“Abong ucing, teu paduli gigireun imah,”  geremet éta lalaki, “ku bisa ngabudi… ngaréka peta.”
Huntu kekerot. Awahing ku ambek asa dihampas ku mahluk pantar eméng, leungeun éta lalaki nyintreuk éta ucing gigireun imahna. Éta ucing gigireun imahna téh rikat ngejat bari saméméhna ngoétkeun kuku nu ranggoas kana irung éta lalaki. Ninggalkeun belangna tapak dina irung eta lalaki, kawas tulisan dina batu-batu prasasti.
Soré ngadangheuak. Layung nyebrotkeun cahaya kana beungeut langit nu panganggeusan méméh diteureuy wanci sareupna. Gurat-gurat koléas mulas langit nu bangun sepa.
Hawar-hawar kadéngé sora indung éta budak ngagentraan. Pegat-pegat diulinkeun angin mawa sora dina wirahma peura. Limpeu buburuh diudag-udag gumuruh pabrik. Ngajak ngampih. Nyingkahan sandékala nu ngadaplok na tonggong kalong nu patinggayabag.
Éta budak ngabebengkang. Anderok nyingkab katebak angin. Di gigireun ngagunduk gepokan kalakay.***

Leave a Reply